Riska Prorina, Penyanyi Pop Sunda

Riska Prorina



DUNYA pop Sunda kungsi nyatet hiji ngaran artis anu ngajaul ngaliwatan lagu “Amit-amit”. Riska Prorina katelahna. Mojang Bandung kalahiran 15 Agustus 1975, kungsi sababaraha kali diisukeun maot. Diantarana, Riska kabéjakeun maot lantaran kasetrum. Padahal, Alhamdulillah, nepi ka kiwari ogé Riska masih kénéh jumeneng binarung séhat walapiat. Hanjakalna, ayeuna mah Riska geus henteu pati aktip deui nyanyi. Riska kungsu mancén ngasuh barudak di TK Kuntum Cemerlang, Jl. Cipaku Indah XL 2, Bandung. Riska ngarasa betah pagilinggisik jeung barudak, tug nepi ka ampir mopohokeun dunya nyanyi anu kungsi nganteurkeun Riska jadi béntang panggung nu pada ngadeugdeug. Kilang kitu, nepi ka kiwari ogé, Riska masih kénéh aya nu sok ngulem pikeun manggung. Upama Riska manggung, salawasna maké raksukan buni, lantaran geus kitu watekna, risi némbong-némbong aurat. Komo deui ayeuna mah Riska sapopoéna maké jilbab.

Riska Prorina, mimiti nété karir dina widang nyanyi ti jaman nyuprih pangarti di SMP. Sabenerna, ari bakatna mah geus natrat ti Riska diuk dina bangku SD mula. Tapi mimiti daria ngasah kamampuhna basa Riska nyuprih pangarti di SMPN 27 Bandung. Riska milu tandang tur jadi juara kahiji dina Festival Pop Indonésia HAPMI tingkat Kota Bandung 1989, Festival Pop Sunda se-Bandung Raya 1990, Student Pop Singer Tingkat SLTP 1990, jeung salian ti éta. Jadi, warna sorana bisa kabula-kabalé, pop Indonésia, pop sunda, jeung dangdut. Buktina Riska ogé kapilih minangka pinunjul II Festival Penyanyi Dangdut Jawa Barat 1992.

Sabada reumbeuy ku préstasi dina widang nyanyi, ahirna nganteurkeun Riska ka dapur rékaman, tur ngalahirkeun sawatara albeum anu kaitung suksés. Sajabana ti “Amit-amit”, Riska ogé medalkeun albeum “Tara Lana”, “Tunggang Nyeri”, “Jalir Jangji”, jsté. Puguh baé salaku artis sohor, sapopoéna sibuk ngatur jadwal manggung. Suka bungah sakaligus pait-peuheurna manggung, geus kaalaman ku Riska. Lain sakali-dua kali Riska nyorang lalampahan anu kacida jauhna tur hara-haraeun pikeun manggung. Pon kitu deui, rupaning pangalaman nu matak muringkak bulu punduk di tempat manggung, saperti aya penonton garelut, mobilna dieundeuk-eundeuk ku nu marabok, jsté. Untungna Riska salawasna sok dibaturan ku ibuna. Kamana baé Riska manggung, pasti diaping ku ibuna. Malah ibuna pisan anu sakaligus jadi “manager” Riska Prorina. Jadwal manggung jeung rupaning nu patali jeung kaartisan Riska, ibuna nu langkung uninga batan Riska. Ku ayana pangaping ti sepuhna, Riska bisa daria nyuprih pangarti kalayan nuntaskeun atikan di SMA Pasundan 1 Bandung, sarta nuluykeun ka FIKOM UNISBA tug nepi ka réngséna nyangking gelar Sarjana Sosial.***(Dhipa Galuh Purba)

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post