Sajak Sunda: Amit




AMIT


Dhipa Galuh Purba


Kuriling uring-uringan

Nokér jalan rumpil kahirupan

Handapeun méga bodas ayang-ayangan
Tanwadé wates singkur kabunian

Gudawang balati nu kasorang
Raheut teu kaubaran, mérang…
Naha bet taya kamelang?

Galengan leutik nyiripit
Ngapit jarami tangtungan dina usum paceklik
Meungpeun carang kadia lampit
Enya, kuring apal: kudu amit
Mawa kapeurih dina haté anu ruhit

Andir, 2001


0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post