Sajak Sunda: Leuir






LEUIR

Dhipa Galuh Purba

Geus nutup panto kabagjaan
Geus nutup lawang sigotaka
Geus datang mangsana peuting
Poek mongkléng buta rata
Meredong nyimbutan alam

Bongan diri sasar lampah
Sidéngdang na karéta kancana
Hurung koneng lir inten permata
Nu saukur pupulasan dunya

Kiwari, lain wayah lain mangsa
Jumerit ménta pangampura
Sagalana geus lekasan
Badan balik lamokot dosa

Ranggon Panyileukan, 1997

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post