Carita Pondok Sunda: Pajaratan Cinta (2002)








Carpon M SUDAMA DIPAWIKARTA


…Asih Pasini, Lugay Dina Kembang Samoja
Taneuh Beureum, Papaés Nu Moal Sirna…

Najan ukur sapasi, tapi bulan milu nyaksi  kana carita asih anu pamohalan nepi ka bari.

Di luhureun Caringin, béntang mah tinggurilap milu sukan-sukan. Ngareuah-reuah sukma anu kariaan.

Basa hiji carita asih mimiti dipedar. Basa dua ati patepung dina balandongan cinta. Ngajajapkeun hajatna asmara. Nganteurkeun geter-geter kasono nu ngancik dina dada.

Lembur Caringin, moal weléh ilang tina tungtung sawangan. Piraku nepi ka lali.

Bulan sapasi nu nyaksi jeung halabhabna  wahangan, nganti hujan salaksa duriat.

Rambut widadari, minangka beungkeutan tina leunjeuran haté. Basa

medar asih kana bulan jeung béntang. Basa angin mawa dangding. Basa kacapi nganteurkeun tembang.

“Abdi bakal nampi, sanaos kedah jatukrami ka hiji jalmi anu teu luyu sareng kereteg ciptaning ati. Tapi…”

“Kumaha, Sun?”

“Mugi kénging widi ti Akang, kumargi abdi mah mung rido ngandung jabang bayi buah kaasih urang.”

“Naha?”

“Anging Akang, anu bakal janten pupujaning ati abdi salawasna.”

“Tapi tetep, urang  kudu papisah.”

“Abdi ngiringan, Kang. Asal Akang kedah uih deui, upama tos cunduk kana waktosna.”

“Hadé pisan, Sun. Akang pasti bakal datang deui. Pasti!”

“Kumaha atuh, upami engké mayunan carogé abdi?”

“Mun bisa mah, ulah nepi ka kawin jeung sasaha ogé. Tapi dina dikersakeun kawin ogé, Akang moal paduli.”

“Moal paduli kumaha, Kang?”

“Suniar bakal diculik ku Akang…”

“Abdi ngantos, Kang.”

Imut ngagelenyu. Nyidem tunggara anu taya papadana. Rasa anu moal bisa dibadamian. Langit angkeub.

Asa nyaksian wiati ceurik ngagukguk, nyéboran bumi anu pinuh ruruhit.   Asa aya anu motrét rupana anu teu weléh hégar marahmay.

Sajati asihna, sajati deudeuhna, sajati cintana. Asa aya anu ngaguruh, ambekeun atawa ngahulag kana léngkah-léngkah suku anu nyiuman lelemah baseuh.  

Sakuriling bungking Caringin ngadadak haleungheum, cakueum. Lir ngahalangan jalan anu keur meujeuhna disorang.

Kaasup tatangkalan jeung sasatoan ogé, kawas nu hanjelu ku dua ku tilu. Meureun angin peuting baris kaleungitan sora galindeng, anu sasarina tara kaliwat dijentréngan ku sora kacapi.

Luhureun Caringin aya katumbiri nu datang lain wanci. Tapi teu paduli naon anu bakal disungsi. Lengkah kadua, can karuhan bisa tinekanan. Mémang katumbiri teu kungsi ditanya, naha henteu némbongan cara sasarina?

Teu kungsi balaka, ngeunaan  katumbiri anu jadi teu nyari, saperti poé-poé kamari.

Cadas batu dina gawir tutugan Caringin. Beulah handapna ngalambarak taneuh anu rupana beureum. Geusan panineungan basa baheula ngumbar rasa katresna.

Sageuy lamun nepi ka leungit tina implengan. Najan morérétna panon poé luhureun sirah, apan tetep iuh dina liuhna hiji teuteup.

Tingtrim dina katingtriman usap sapuluh réma. Cunduk waktu, ninggang mangsa, pikeun mapag deui lambaran anu kungsi dipeuyeum.

Dina handapeun tangkal pines ogé, aya kénéh gurat kahéman meunang duaan. Harita, basa usum halodo geus lekasan, mapag hujan miripis dina bulan panungtung.

Ngeyembeng cai dina legok asmara, ngeueum hiji kadeudeuh anu cenah mah kawilang pageuh. Wirahma cinta geus waktuna kudu diteuleuman deui. Rumpaka-rumpaka asih anu moal bireuk deui dina dua cepil.

“Hayu, Sun…!”

“Tong ngimpi tengah poé éréngan-éréngan! Ayeuna geus lain-lainna deui. Teu meunang nguyag-nguyag rumah tangga batur.

Geus cukup nyorang dosa- perdosaan. Sagala rupana kudu dipungkas. Taya alesan nanaon deui. Najan ceuk didinya bener, tapi ceuk didieu mah da salah. Sakali deui, pungkas!”

“Sun…”

“Pungkas!”

“Ulah dipungkas, Sun. Sabab cinta urang téh sajati.”

“Cinta sajati, teu salawasna kudu ngahiji.”

Motahna Sagara atawa ngamukna sato édan, teu sabaraha ganggas batan ancurna kalakay haté.

Bima anu nguwak-ngawik Kurawa. Langit anu tungkeb, gunung anu bitu, jeung naon deui anu araringgis.

Moal ngabandingan tur moal nyaruaan. Jalan na tungtung pileumpangeun, kudu eureun dina itungan saparapat abad.

Carita sapanjang dongéng, camohok, lamokot, bobolokot, laledok. Ngagendringan bungaok jeung tukang maok!

Enyaan, cinta sajati, ukur sawangan jalma tukang ngimpi. Cinta sajati, ukur rékaan jalma tukang ngumbar imajinasi.

Cinta sajati mah, ngan hiji susuluk anu pinuh ku mangrupa peurah, kalayan baris ngaracunan sing saha baé anu kumawani nyorangna.

Teu paduli euntreup dina haté saha jeung urang mana.

Cinta sajati, éstuning arang kapanggih dina hiji carita asmara, di hiji wanoja anu ninggalkeun céda na jeroning ati.

Alatan cinta sajati Suniar, apan cucuk  ogé moal bisa neurak kana sakujur awak, sabab kamerkaan ku tunggara nu taya sudana.


…Asih Pasini, Lugay Dina Kembang Samoja
Taneuh Beureum, Papaés Nu Moal Sirna…


***

Bandung, 2002

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post