Ku DHIPA GALUH PURBA
NEPI ka kiwari ogé tacan kapaluruh, naon sabenerna eusining kalinuhungan nu
ngancik dina Sastra Jendra Hayuningrat. Ari mimiti wanoh kana Sastra Jendra
Hayuningrat téh taya lian tina lalakon
pawayangan Ramayana. Kalintang luhungna anu disebut Sastra Jendra Hayuningrat téh.
Teu sagawayah jalma bisa neuleuman eusina. Sabab lamun Sastra Jendra
Hayuningrat dibuka sambarangan, pinasti bakal ngabahayakeun kahirupan alam dunya.
Pangna kitu, ku lantaran eusining Sastra Jendra Hayuningrat téh disebut-sebut
mangrupa rusiah nu kalintang rusiahna. Rusiah tina sagala rupa rusiah. Rusiah
ngeunaan satungkebing langit jeung satangkaraking jagat. Di sisi séjén, Sastra
Jendra Hayuningrat ogé ditétélakeun minangka serat karahayuan nu bisa
nyalametkeun alam dunya. Lebah dieu nu matak ngondang kapanasaran téh, Sastra
Jendra Hayuningrat, serat karahayuan nu ngabahayakeun upama diguar sambarangan.
Ki Jatnika suwargi, pangarang Sunda nu keur jumenengna kalintang produktif
nulis lalakon pawayangan, tangtu wé henteu kaliwat nulis lalakon Sastra Jendra
Hayuningrat. Salahsahijina dina Carita Tilu Bagian anu dijudulan ”Serat
Karahayuan”, dimuat dina Majalah Manglé. Bubuka éta Cartibag téh, Ki Jatnika
ngotrétkeun tulisan yén Sastra Jendra Hayuningrat téh serat suci rahayuning
bumi langit, rusiah eusining alam, aya saméméh aya, aya saméméh euweuh, euweuh
saméméh aya, euweuh saméméh euweuh, Saha nu boga aya? Saha nu boga euweuh? Hamo
kabaca!
Lamun dihartikeun saban kecap, kurang leuwih hartina ”Serat” nyaéta ajaran,
”Sastrajendra” élmu ngeunaan raja, sarta ”hayuningrat” nyaéta karahayuan atawa
kasalametan. Tapi lamun nilik kana déskripsi Ki Jatnika, raja anu dimaksud
didieu sigana lain raja dina harti kepala nagara atawa nu ngawasa hiji karajaan.
Raja didieu leuwih nyoko kana jiwa, nu ngaraja dina sagara jiwa. Haté. Bisa
jadi, élmu Sastra Jendra Hayuningrat téh bisa nuncleb kana mamaras rasa, ngarakrak
karajaan jiwa, nembus lulurung kalbu.
Dina Cartibag ”Serat Karahuan”, ditétélakeun ogé yén upama sakali mangsa Sastra
Jendra Hayuningrat diwiridkeun, mangka éta jalma nu kaancikanana bakal mibanda harkat
ngaluhuran paradewa, kawasa béh ditueun kawasa, jadi rara-rajaning-raja, raja
pangraja-rajana. Pangna kitu téh ku sabab éta jalma bakal apal kana pibakaleun,
bakal bisa nganjang ka pageto, sarta awas kana pinasibeun manusa. Cindekna
weruh sadurung winarah.
Di Jawa, élmu Sastra Jendra Hayuningrat dianggap puncakna élmu kejawén.
Malah ditambahan ku kalimah ”Pangruwating Diyu”. Pangruwating hartina
ngamulyakeun, demi ”Diyu” hartina raksasa, buta, nu ngalambangkeun kadurjanaan.
Jadi, ”Pangruwating Diyu” téh kurang leuwih ngamulyakeun perkara durjana, atawa
ngarobah kagoréngan kana kahadéan.
Musibat (lamun rék disebut musibat) anu tumiba ka Resi Wisrawa ogé dilantarankeun
anjeunna sambarangan muka rusiah Sastra Jendra Hayuningrat ka hiji wanoja,
nyatana Déwi Sukesi. Ari Déwi Sukesi téh putri geulis tanding widadari, putrana
Prabu Sumali, papayung agung karajaan Aléngkadirja. Harita, Resi Wisrawa
kapaksa ngawirid Sastra Jendra Hayuningrat ku lantaran kajurung ku rasa deudeuh
ka putrana, Prabu Danapati, Raja Lokapala. Danapati katarik ati kapentang
asmara ku Déwi Sukesi. Ari Déwi Sukesi méré tanjakan ka Danapati, yén manéhna
daék jatukrami asal diajarkeun élmu Sastra Jendra Hayuningrat. Puguh baé
Danapati muntang tulung ka ramana, Resi Wisrawa, pikeun nyumponan paménta Déwi
Sukesi.
Lain. Lain teu inget kana palintangan nu geus diguratkeun. Resi Wisrawa kalintang
sadar, yén ngaguar rusiah Sastra Jendra Hayuningrat ka Déwi Sukesi téh mangrupa
laku nu kalintang dipahing. Tapi ari ningali nu jadi anak kagégéloan ku Déwi Sukesi
mah, antukna léah. Resi Wisrawa nékad ngajarkeun Sastra Jendra Hayuningrat ka Déwi
Sukesi. Najan papalimpang jeung satungkebing rasa, tapi haté geus léah ku
alatan hayang nyaksian nu jadi anak nyorang bagja, mangsa Danapati panganténan
jeung pupujaning ati Déwi Sukesi nu sakitu geulis camperenik. Resi Wisrawa udar
jangji, sulaya carita dina ngajaga Sastra Jendra Hayuningrat.
Pamiangan nu salah. Ukur niat ngagugulukeun kahayang nu jadi anak, bari
ngarempak jangji nu geus diguratkeun dina ngajaga Sastra Jendra Hayuningrat.
Matak, teu anéh mun tumiba mamala. Mangsa Resi Wisrawa kakara mapatkeun bubuka Sastra
Jendra Hayuningrat, ahéng kabina-bina kaayaan nu tumiba. Tina asalna neutep Déwi
Sukesi salaku pimantueun, bet ujug-ujug jorojoy aya duriat. Resi Wisrawa
kaeunteupan asmara mangsa nyawang Déwi Sukesi. Malah lain asmara samanéa, da
bogoh kabina-bina, taya binana kaum rumaja nu katarajang asmara.
Pon kitu deui sabalikna, Déwi Sukesi nu saméméhna asa adu hareupan jeung
pimitohaeun, bet saruana pisan ujug-ujug kaeunteupan asih. Silih pikacinta.
Silih pikadeudeuh. Galura asmara adug-adugan jeroning dada séwang-séwang. Birahi
ngagulung jeroning dada.
Teu bisa kumaha deui. Taya nu bisa ngahalangan. Euweuh hiji ogé nu mampuh
ngabendung dua manusa nu katarajang asmara kamalinaan. Antukna, taya deui
pilihan Prabu Somali iwal ti ngawinkeun anakna ka sobat dalitna anu saumur
jeung manéhna. Hiji putri geulis tanding widadari réndéngan jeung aki-aki. Matak
éra parada kulawarga karaton. Matak jadi bahan geuhgeuyan rahayat Aléngkadirja.
Tapi da kumaha deui, Prabu Somali ogé sadar, kaayaan anu tumiba téh tangtuna ogé
akibat tina laku Resi Wisrawa nu ngarempak palintangan: wani-wani rék ngawirid Sastra
Jendra Hayuningrat anu kalintang dipahing.
Tangtu bisa kasawang kumaha hanjelu jeung murkana Prabu Danapati ka nu jadi
bapana sorangan, Resi Riswara. Muntang tulung ka Sang Resi pikeun nyanding ka
Dewi Sukesi, ari pék kalah dikawin ku Resi Wisrawa. Murka leuwih-leuwih ti
murka. Céda rasa nu taya papadana. Hiji bapa nu asalna dipikaajrih, antukna
jadi musuh utama. Dendam rohaka nu bangga mareumanna.
Resi Wisrawa nyandingkeun putri teureuh Aléngkadirja. Nyeuseup madu si
geulis tanding widadari. Nu
matak, ari pikeun Resi Wisrawa mah asa lain musibat. Rék disebut musibat
kumaha? Sidik pisan manggih milik nu hamo kaukur ajén-inajénna. Teu
ngimpi-ngimpi acan sigana bakal panganténan jeung Déwi Sukesi anu umurna ganjor
jauh naker, leuwih pantes jadi incuna.
Minangka nu kasebut musibat mah sigana mangsa Déwi Sukesi ngalahirkeun
budak kahiji, taya lian Rahwana alias
Dasa Muka. Rahwana nu digjaya, tapi kasakténna digunakeun keur ngalajur napsu,
nyebar angkara, nindes ka sasama. Sagala rupa kahayang Rahwana kudu cumpon. Teu
bisa henteu. Lamun aya anu henteu tinekanan, Rahwana bakal ngamuk nguwak-ngawik
sagala rupa nu aya di sabudeureunna. Mangsa Rahwana naék tahta, réa karajaan nu
serah bongkokan ka Aléngkadirja ku lantaran ngarasa gimir ku Raja Rahwana.
Budak kadua jeung katilu anu lahir tina kandungan Déwi Sukesi, taya binana
jeung Rahwana. Sarua wujudna buta nu kalintang pikasieuneun, nyaéta Kumbakarna
jeung Sarpakanaka. Nu rada ngubaran téh, basa lahir budak kaopat, nyatana Wibisana.
Béda jeung lanceuk-lanceukna, Wibisana mah tangtungan hiji lalaki nu ilahar.
Malah kakoncara mibanda dedeg sampé, rupa hadé, sarta laku-lampahna ogé
papalimpang jeung tilu lanceukna. Wibisana mah hiji sinatria anu micinta sasama
manusa, kalayan mibanda kayakinan kana ajén-inajén bebeneran, tur ngamusuhan
kadoliman.
Réa nu bisa dilenyepan tina lalakon sulayana Resi Wisrawa kana jangji
enggoning ngajaga Sastra Jendra Hayuningrat. Sumber pasualan awalna ukur hiji,
nyaéta: wanoja, dina hal ieu Dewi Sukesi. Lamun Déwi Sukesi henteu boga
kahayang mukakeun rusiah Sastra Jendra Hayuningrat, pacéngkadan kolot jeung
anak téh moal tumiba. Déwi Sukesi ogé moal ngalaman kagégéloan ku Resi Wisrawa
nu umurna sarua jeung bapana. Sakapeung hiji putri téh sok boga kahayang nu
lain-lain, nu dianggap pamali jeung dipahing mikahayang. Sastra Jendra
Hayuningrat kaasup anu dipahing pikeun dibuka, upama tacan nepi kana mangsana. Ku
alatan kahayang nu lain-lain téh, antukna Déwi Sukesi nandangan mamala nu
kalintang rongkah. Kahiji, kawin jeung aki-aki. Kadua, boga turunan nu wujudna
denawa.
Pasualan kadua nyaéta aya dina diri Resi Riswara. Manéhna geus katalian ku
jangji, rék nyepeng pageuh rusiah Sastra Jendra Hayuningrat. Tapi kajurung ku
kanyaah ka nu jadi anak, hayang nyugemakeun anak, Resi Riswara kapaksa udar
jangji. Hal ieu anu réa tumiba dina jaman ayeuna. Pamingpin nu dibéré
kapercayaan, réa nu lasut ku alatan kajurung ku hayang nyenangkeun nu jadi
anak. Tapi lamun niatna kitu, ahirna nu Sang Resi ogé kajiret ku napsu pikeun
ngumbar kasenangan pribadi. Geus jadi hukum alam éta mah, sing saha nu lasut ku
hiji gogoda, sasarina sok dituluykeun ku lasutna gogoda séjén.
Kilang kitu, Resi Riswara jeung Déwi Sukesi ahirna tobat kana laku lampahna
nu ngarempak palintangan. Sanajan tobat, rasa silih pikacinta geus napel pageuh
dina jiwana séwang-séwangan. Tuluy lahir budak nu jadi sumber aib kulawarga
karaton, sarta sumber malapetaka sabudeureun nagri: Rahwana.
Opat budak nu lahir téh mibanda wujud jeung karakter séwang-séwangan, anu
sabenerna bisa ogé disebut simbol jeroning dada manusa, pangpangna nu jeneng
boga kalungguhan. Satemenna dina dada manusa nu leuwih riab téh dodoja kasarakahan,
kagangasan, kadoliman. Siga wujud jeung pasipatan Rahwana (buta sarakah nu
pikainggiseun), Kumbakarna (buta nu bodo, satia ka Rahwana nu nyebarkeun
kadoliman), Sarpakanaka (wujudna satengah buta jeung satengah manusa, nu
pasipatanna méh sarupa jeung dua lanceukna, resep ngagugulukeun kasenangan. Anu
béda mah ngan hiji. Si Bungsu Wibisana. Sipat kahadéan ngancik dina diri
Wibisana. Mangrupa simbol yén dina dada manusa aya sipat kahadéan, sanajan
bungsu bari jeung kudu ngalawan tilu pasipatan nu rohaka. Kilang kitu, sakumaha
gangasna kadoliman, moal bisa ngéléhkeun bebeneran.
Muga dina jiwa para pamingpin urang, masih kénéh ngancik Sang Wibisana.***
Dokumentasi Pagelaran Drama Sastra Jendra:
Dokumentasi Pagelaran Drama Sastra Jendra:
TEATER HANDEULEUM
Komentar