Carita Pondok M Sudama Dipawikarta
Teu pati resep ngadéngé
sora anjing téh. Boh anu ngagogog, sumawona anu babaung. Sajabana ti sieun
digégél, katambah bulu punduk ogé sok rada carengkat. Mangkaning ceuk kolot
ogé, lamun aya sora anjing tengah peuting téh, mangrupa hiji totondén anu
kurang hadé. Lamun taya patula-patalina jeung urusan ririwa, moal pati jauh
hubunganana jeung jalma jahat. Tapi aya ku édasna jalma téh, bet ku aya waé anu
pirajeunan ngukutna. Padahal naon araheunana atuh. Keur kuring sorangan mah, da
euweuh anu dipikatineung tina sato anu ngaranana anjing téh. Dagingna teu
beuki. Rupana geuleuh-geuleuh acan. Pon kitu deui kana sorana mah teu kudu
dicaturkeun deui.
Anjing Sarkowi anu
pikasebeleun pisan mah. Enya maksud téh, anjing kukutan Mang Sarkowi. Keur
goréng dodongésna téh, katambah tukang ngagogog lain wayah, lain mangsa.
Kurang-kurangna mah matak ngarawingkeun daun ceuli. Leuheung éta téh mun sok
dicangcang. Da ieu mah carék ning dikencarkeun téh, da mani sangeunahna pisan
atuh. Poé mangkukna ogé, Si Among diudag-udag nepi ka méhméhan rék digégél,
geus sagewewek-gewewekeun. Lamun teu kaburu diténggor ku Jang Iyus mah, teuing
kumaha tah nasib Si Among téh.
Moal béda jeung anjing RT
pikasebeleunna mah. Sangkilang boga dunungan kasebutna RT. Tapi kana
pulang-paling téh geus jadi pagawéanna sapopoé. Geus karuhan ari kana dahareun
mah, teu kudu dicaritakeun deui. Ieu mah nurustunjungna téh nepi ka sendal
kulit Mang Lurah ogé, da digodod atuh. Teuing dihakan, teuing dikumahakeun ku
anjing RT téh. Piraku sugan ari digadékeun mah. Karunya pisan Mang Lurah, nepi
ka kokotéténgan néangan sendal. Hanas geus riweuh ngaduduh Si Buruy. Bubuhan di
lembur Cigorowék mah geus rada katelah, euweuh deui tukang nyumputkeun sendal
mah kajaba Si Buruy. Malah béjana sok tuluy diarah tur dijualan. Kitu atuda ari
geus sakali nyieun codéka téh. Sanajan Si Buruy geus pangsiun tina pagawéan
nyumputkeun sendal, tapi palebah aya kajadian anu sarupa mah, angger baé moal
teu kasabit deui. Cacakan lamun Si Ukro teu manggihan anjing RT keur
ngagigiwing sendal mah, moal henteu Si Buruy bakal keuna ku fitnah. Apan geus
pidorakaeun wungkul éta téh. Anjing RT.
Fotograper: Turi Syahdarina |
Rajeun aya anjing anu tara
pati ngagogog, hanjakal pisan kalakuanna mah ku angger matak ngajangarkeun
uteuk. Pangpangna mah keur anu kabeneran
boga kebon. Atuda kalakuan anjing Nundut mah, geus katelah tukang ngaranjah
kebon batur. Nepi ka Haji Suha mah susumpahan sagala, nepi ka rup ku padung,
rap ku lemah ogé, moal weléh panasaran satungtung can ngabanting anjing Nundut.
Puguh baé ninggang ka Si Nundut anu jalmana teu kaopan, geus matak pipaséaeun
deui baé. Tungtungna mah Bi Haji Suha paséa rongkah jeung Bi Iwah. Apan cukang lantaranna mah anjing
Nundut-anjing Nundut kénéh. Bi Haji Suha ngontrog imah Mang Nundut, basa kebon
suukna digaley ku anjing Nundut. Kasampak di imahna téh, Bi Iwah, pamajikanna
Mang Nundut téa, keur mirun seuneu di
hawu. Puguh baé Bi Haji téh nasteung ka Bi Iwah. Der baé paséa, paréa-réa
omong. Pokona mah lembur Cigorowék téh kasebut rada geunjleung.
“Kang, aya nu keketrok...”
Nyi Iseu ngaharéwos. Biwirna méh antel kana daun ceuli. Puguh baé ngaranjugna
mah. Engapan ogé rada ditahan heula. Hayang leuwih ngécéskeun kana sora di
luar. Anjing beuki ragég. Ku kira-kira
jumlah anjing téh aya kana sapuluhna. Nu apal kana sorana téh diantarana anjing RT, anjing Sarkowi, anjing Ojo, jeung
anjing Unéd. Teu pati wawuh kana sora anjing séjénna mah. Komo deui anjing anu
babaung mah, asa anjing anyar sigana téh.
“Kang...” sora Nyi Iseu
rada ngeleper. Katara paromanna mani pias konéas. Gedug jajantungna ogé, karasa
ngagancangan, bubuhan tatadi mula ogé awakna rapet pisan jeung kuring. Késang
badag, késang lembut mani rarenung maseuhan sakujur awakna.
“Buka anjing...!” enyaan.
Lain keketrok deui éta mah, sidik pisan anu gegedor kana panto. Nyi Iseu beuki
ngeleper. Leungeunna ngarongkong simbut anu patulayah na tunjangeun, dipaké
nutupan awakna anu bulucun. Satuluyna Nyi Iseu ngahéphép na ranjang beulah
juru.
“Anjing, buka...!” sora
anu hohoak téh lain teu kadéngé. Tapi mémang geus asa tungkeb bumi alam. Poék.
Teu hayang mikiran, sabab geus moal kapikiran. Teu manggih pipataeun, pikeun
nyanghareupanana. Pangpangna mah kacida wanohna kana éta sora anu hohoak téh.
Si Kardun. Enya, moal salah, Si Kardun. Tapi anu matak teu kaharti téh, apan
écés pisan basa kamari Si Kardun indit nyaba ka kota. Sasarina paling
sakeudeung ogé mulangna téh saminggu sakali. Apal pisan. Da puguh lain sakali
dua kali...
“Wang dobrak baé ku
saréréa!” geuning lain Si Kardun wungkul di luar téh. Sora jalma mani kacida
sahéngna. Aya sora Mang RT, sora Mang Nundut, sora Mang Sarkowi, jeung
sora-sora séjénna. Teu pamohalan, upama jalma di luareun imah téh sakabéh
pangeusi Cigorowék.
“Hayu atuh, wang dobrak!
Tuman anjing téh!”
“Entong! Duruk baé
sakalian imahna. Sina malodar wéh sakalian! Anjing téh!”
“Nyaah, Mang.”
“Nyaah nanahaon. Ceuk aing
duruk, duruk! Imah, imah aing ieuh!”
Nyi Iseu geus ngalempréh
kapaéhan. Seuneu beuki ngabebela. Sora anjing beuki ragég. Sora jalma
tingceuleuweung patémbalan. Anu hohoak mah beuki ngalaunan. Kaganti ku hiji
sora lalaki anu ceurik ngagukguk. Aya ogé anu kadéngéna ngabeberah. Tapi
lila-lila mah kabéhanana ogé kasilep ku sora anu ngocéak matak pikaketireun.
Deukeut pisan jeung ceuli kuring.
“Ampun Gusti...na kawas sato baé!”
najan hawar-hawar. Tapi masih kénéh kareungeu ku dua ceuli kuring. Sora Mama
Haji Iking.
***
Cipadung, 2002
Komentar