Carita Pondok Sunda: Lain Dongéng


Carita Pondok DHIPA GALUH PURBA


            MÉMANG ukur impian. Najan kasebutna ahéng ogé, da geus ilahar ieuh. Pamohalan disebut anéh tapi nyata, da sidik anéh tapi teu nyata.  Kilang kitu, ari keur Among mah, éta impian téh dianggap hiji hal anu ngandung harti séjén. Katara tina sikepna ogé. Sasarina mah, upama Among kakara hudang saré téh, sok tuluy gura-giru ka kamar mandi. Ari harita, kalah ngahuleng di sisi ranjang. Teu waka cengkat. Kalah ngaleupaskeun paneuteupna ka lebah jandéla. Teuteupan kosong. Sari-sari anu keur  ngimpleng atawa nginget-nginget deui lalampahan di hiji alam anu kakara réngsé disorang. Dibawa ider-ideran ku hiji tokoh anu mindeng jadi bahan catur tukang ngadongéng; Nyi Roro Kidul. Ceuk saha baé Nyi Roro Kidul ukur aya dina dongéng. Kabuktian pisan, Nyi Roro Kidul ogé geuning bisa hirup dina dunya impian. Antara dongéng jeung impian, tangtu baé kalintang bédana. Ku sabab ari dongéng mah bisa diréka-réka ku jalma. Tapi urusan ngimpi mah nepi ka kiwari ogé asa can kungsi kabéjakeun aya jalma anu bisa nyusun scenario-na. Dina ayana ogé merelukeun prosés anu ceuk Jin Jikka mah Terlalu rumit Tuk diterangkan. Cacak lamun aya nu boga pangaweruh saperti kitu, kawasna bakal loba jalma anu sayagi ngaluarkeun waragad, dina raraga pesen carita hadé keur ngimpi. Malah moal boa, réntal VCD ogé bakal éléh payu ku ‘réntal film' keur ngimpi.

Sakali deui, ieu mah lain dongéng. Tapi ngimpi Among sapeuting jeput. Panggih jeung Nyi Roro Kidul di sisi laut kidul.. Tuluy wawanohan. Malah harita kénéh ogé, Among langsung diajak ngalalanglang satungkebing jagat.  Anjog  ka hiji tempat anu ceuk Nyi Roro Kidul mah nagri Cina. Harita diidek pisan ku dua suku Among. Moal boa, asa enya jeung asa nyata. Sabab ngitung ramo leungeun ogé, tetep baé kabéhna aya sapuluh. Ditambahkeun deui jeung ramo suku, angger jumlahna teu robah, duapuluh. Antukna Among teu ngarasa cangcaya deui kana lalakon anu keur disorangna. Ti dinya, manéhna ngaleupaskeun paneuteupna. Teu écés, tapi samar-samar aya anu gugupay ti peuntaseun walungan. Najan ukur katara dedeganana, tapi Among wanoh pisan ka éta wanoja. Yun Lié. Pamohalan nepi ka salah téténjoan. Ku sabab Yun Lié téh sasatna jadi kembang pupujaning ati, geusan panyileukan beurang peuting, paragi neundeun harepan éndah dina carita asmara saban mangsa.

“Yun Lié …!” méh sataker kebek, Among ngageroan manéhna. Sorana handaruan. Abong impian, ngan sakilat Among luncat ka peuntaseun. Enya,  walungan Yangtze. Tapi teuing ka mana ngilesna, da Yun Lié geus taya di tempatna. Ukur karasa aya angin ngahiliwir anu nebak embun-embunan. Rét kana cai anu ngamalir di walungan. Katingali, panjangna ngembat nepi ka satungtung deuleu. Dina impian ogé, Walungan Yangtze téh tetep minangka walungan ka-opat pangpanjangna saalam dunya.

“Na apal ti mana, maké jeung nyaho ka-opat pangpanjangna saalam dunya?” Nyi Roro Kidul geus nangtung tukangeun Among. Puguh baé, Among rada ngaranjug.

“Apal baé, da diajarkeun di sakolaan. Kahijina Walungan Nil di Afrika, kadua Amazon, katiluna Missisipi,”

“Na panjang mana kitu, jeung Walungan Bahan Dongéng?”

“Ké, ké, asa karék ngadéngé…” sakedapan mah Among kalah kurang-kerung.

“Katingali tara macana téh. Bisi can apal, sumber dongéng di Lautan Kisah Agung téh, lain baé ti mata cai dongéng. Tapi lolobana mah sumberna ti Walungan Bahan Dongéng. Panjangna moal kataékan tuk diukur. Sabab unggal nagara di alam dunya, pasti kaliwatan ku Walungan Bahan Dongéng. Malah perkara éta pisan, anu ngalantarankeun di Lautan Kisah Agung, nyampak sagala rupa carita ti unggal nagara,” ceuk Nyi Roro Kidul.

“Kélanan, naha ujug-ujug kana carita Harun Dan Lautan Dongéng?”

“Ayeuna mah geus lain Harun dan lautan dongéng. Tapi Among dan lautan ngimpi!”

“Ah asa cangcaya kénéh kuring mah. Piraku kuring bisa nyambung jeung lautan dongéng?” Among mimiti baluweng deui.

“Na maké jeung teu percaya sagala rupa? Hayu ayeuna kénéh wang indit ka Nagara Kahani!”

“Numpak naon?”

“Biasa, ngapung,”

“Embung, ah,”

“Na kunaon?”

“Sieun saukur ngimpi. Sabab lamun ngimpi ngapung, éta téh alamat moal panjang umur,”

Saméméh Nyi Roro Kidul ngawalon, teuing ti mana datangna, aya hiji mahluk anu dedeganna mahiwal. Ngabedega di hareupeun maranéhna. Malah Nyi Roro Kidul ogé ngarénjag, semu anu reuwas naker. Ari Among mah, ukur molohok mata simeuteun, bari panonna teu leupas neuteup kana tangtungan éta mahluk. Awakna teu pati badag, tapi rupana matak hémeng anu ningali. Mata cureuleuk, bréwos minuhan buleudan beungeutna, beuteung bucitreuk, suku leuwih pondok batan leungeun.

“Kumaha ieu téh, kalah abur-aburan teu puguh? Itu aya langganan anu butuheun carita Nyi Roro Kidul!” kitu pokna éta mahluk, semu ngagelendeng.

“Ah, bété atuda cicing baé mah. Sakali-kali hayang ngurilingan dunya,” témbal Nyi Roro Kidul.

“Hayoh wang balik ayeuna!”

“Heug. Asal jeung jalma ieu…” pokna bari ngarérét ka Among.

“Saha éta téh?”

“Lain sasaha. Tapi manéhna teu percayaeun ka lautan dongéng,”

“Étah-étah, naha maké jeung cangcaya sagala? Yeuh, apan kuring téh anu katelah Jin Cai téa. Ngaran kuring Lamun. Sakali deui; Lamun! Kapiadina Jin Cai Jikka,”

“Lamun? Ké, ké…Jin Cai…” Among teu kebat, sabab kaburu aya nu némpas ti beulah luhur.

“Namung, namung, namung silaing masih kénéh cangcaya nya?” kitu pokna. Puguh baé Among ngarénjag. Sabab anu nyarita téh bet bisa ngabadé gerentes haténa. Rét ka luhur, bréh katingali aya hiji manuk mesin anu awakna rubak.

“Enya bener, apan kuring téh barayana manuk Tappi. Ngaran kuring mah Namung téa.” Pokna manuk, kalayan pamatukna mah teu  katingali engap. Puguh baé, Among beuki hémeng. Sabab manéhna hayang nanya sarupa kitu. Antukna Among ngarasa yakin, anu keur disanghareupan ku manéhna téh taya lian para pangeusi Lautan Dongéng.

“Sok buru atuh geura naraék!” Manuk Namung ngagorowok. Tapi angger ari pamatukna mah teu engap.

Teu talangké deui, Jin Lamun, Nyi Roro Kidul, katut Among, naraék kana tonggong Manuk Namung. Ukur sakédét nétra, Manuk Namung hiber.


*
           
“Ké, ké, ari itu dongéng naon?”

            “Apan lalampahan silaing, sababaraha tahun kaliwat, basa ditampik sapajodogan ku Néng Lina, budak Lurah Ukar. Ngaran kampungna Simpar…”

            “Geus, heup! Heup! Teu kudu dituluykeun deui. Da éta mah masa lalu ieuh. Tapi naha bet asup kana Lautan Dongéng ieu téh?”

            “Pokona mah sakabéh carita ogé, di Lautan Dongéng mah pasti nyampak. Apan saluran wahanganna ogé ngaliwatan ka unggal wewengkon di ieu alam dunya, kalayan maké proses Terlalu Rumit Tuk Diterangkan téa,”

            “Naha ieu téh, bet ngadadak sararedih?”

            “Apan di beulah dieu mah, husus dongéng tragédi anggeus-anggeusan,”

            “Ari itu saha, naha siga Yun Lié keur ceurik?”

“Lain, lain Yun Lié. Tapi batur salemburna Yun Lié. Éta téh carita ngeunaan Qin Hua Rizun Nanjing datusha tuji.”

“Ari itu?”

The Rape of Nanking,”

“Tuh, lamun itu mah moal salah deui, pasti Yun Lié …!”

“Mémang enya…”

“Naon judulna?”

“Tragedi  Bulan Méi 98…”

“Ké, ké, ari itu?”

“Carita anu méh sarupa, tapi waktu jeung tempatna béda. Nu hiji mah kaganggasan Hitler ka warga katurunan Yahudi di Jerman. Nu hiji deui, kaganggasan urang Serbia ka wanoja-wanoja di Bosnia Herzegovina,”

*

Foto: Turi Syahdarina


            Rét deui kana surat anu tacan lésot tina leungeunna. Tapi teuteupna semu anu angkeub. Gap, kana Handphone anu tatadi mula aya di luhur méja. Tuluy mencétan tombolna rada lila. Nepi ka dina layar monitor aya tulisan anu unina "Sabaraha taun murangkalih téh?". Geus kitu, jempolna mencét tombol yes. Bréh aya tulisan send. Kecap-kecapna geus dikirimkeun ka Yun Lié  ngaliwatan SMS.

            Kurang leuwih tilu menit ti harita, Handphone Among disada. Puguh baé ngan sakilat, Among mencét tombol yes. Horéng Yun Lié ogé langsung ngabalesan. Bréh dina layar Handphone aya tulisan, anu unina ‘Kantun étang ku Akang. Lahirna ping 13 Pebuari 1999.’ Teuing kumaha, Among ngalempréh kana panyarandéan. Reup panonna peureum. Pikiranna ngalayang deui kana impian anu kasorang sapeuting jeput.

            Sawangan Among beuki manjangan. Nepi ka bras deui ka Lautan Dongéng, luhureun cai dongéng tragédi. Bréh, aya Yun Lié anu keur inghak-inghakan.

            “Yun Lié, kuring bogoh ka anjeun, ibarat kecap anu teu kungsi kakedalkeun suluh ka  seuneu, anu ngalantarankeun jadi lebu…” gerentes Among. Tapi ukur sakédét nétra, karasa aya nu ngajiwir ceulina. Among muringis bari ngalieuk ka gigireun. Kasampak Jin Cai Lamun, rada molotot ka manéhna.

            “Nanaonan ieu téh, maké jeung ngajéwér ceuli sagala?”

            “Teu meunang sangeunahna kitu, ngarebut hak cipta batur!” témbal Lamun.

            “Hak cipta kumaha?”

            “Tong api-api lah. Bieu pisan silaing nyundakeun puisi Sapardi Djoko Damono. Teu meunang éta téh, sabab ngalanggar undang-undang hak cipta. Kajaba lamun meunang idin ti nu ngarangna. Atawa sakurang-kurangna ogé nyebutkeun sumberna. Ilikan geura Undang-Undang No.19 taun 2002, pangpangna pasal 12. Di dinya disebutkeun mun yén hak cipta anu ditangtayungan ku undang-undang téh, nyaéta widang ilmu pengetahuan, seni, jeung sastra,”

            “Ké, ké, na puisi Sapardi ogé kadata?”

            “Itu geura. Di Lautan Dongéng mah sagala carita ogé nyampak. Rék Sapardi Djoko, rék Pramudia Ananta Toer, rék Remi Silado, rék Ajip Rosidi, Acép Zamzam, Soni, …”

            “Ari karya-karya Godi Suwarna, aya di dieu?”

            “Aya pisan. Tuh beulah kidul. Husus cai carita Sunda. Malah lain Godi wungkul. Kaasup Dédén, Dadan, Didin, pokona mah kumplit,”

            “Pasti Dhipa ogé aya, nya?”

            “Acan éta mah. Goréng kénéh karyana,”

            “Mémang sih. Kuring ogé teu pati resep. Komo ka jalmana mah,”

            “Sarua…” Teu kebat, sabab Handphone kaburu disada deui. Sawanganna buyar. Saméméh leungeunna ngarongkong Handphone, Among ngusap heula beungeutna. Yun Lié ngirim deui SMS. Eusina ukur sakecap; "Kumaha? :)".

Sakedapan mah ngahuleng deui baé. Kawasna téh keur mikir-mikir pijawabeunanna. Tapi kalah nyawang deui Lautan Dongéng. Nepi ka "amprok" ka sakitu kalina  jeung Jin Cai Lamun. Sarua di tempat cai tragédi, tapi béda pisan jeung anu saméméhna.

            “Mémang rada béda di dieu mah. Sabab ieu mah carita tragédi anu aya patula-patalina jeung adat,”

            “Siti Nurbaya?”

            “Enya bener, éta ogé kaasup,”

            “Ké, ké, ari itu siga Yun Lié deui baé. Tapi naha sukuna ditalian?”

            “Da kitu caritana. Lain Yun Lié, tapi sasélér jeung Yun Lié. Jaman baheula, wanoja anu sasélér jeung Yun Lié mémang kasiksa pisan ku perkara adat. Sajabana suku ditalian téh, aya nu leuwih ngenes deui,”

            “Naon?”

            “Upama rék kawin, daék teu daék kudu ngabuktikeun kasucianana ka calon…”

            “Salakina?”

            “Lain. Ka calon mitohana…”

            “Beu…”

            “Teu kudu nyebut ‘beu’, da silaing ogé leuwih ganggas, pan?! mending kénéh ngaku lah! Sok baé balakakeun ka Yun Lié, da moal nanaon ieuh…”

Nyel téh, Among ngadadak ambek. Amarah ngabebela, minuhan dadana. Ukur sakilat, leungeunna ngajenggut janggot Jin Lamun. Tuluy diangkat, sarta dibalangkeun satakerna.

            Pré…! Among reuwas, Nyéh beunta. Kasampak Handphone geus paburantak dina téhel. *** (Kainspirasian  ku  Carita Seribu Satu+Semalam, karangan Salman Rushdie).

Ranggon Panyileukan, 1423 H

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post