Dokumentasi - Ririn Handayani Juara Nyanyi BPN Jabar - Bulan Bhakti Agraria 2013




BADAN Pertanahan Nasional (BPN) Kanwil Jawa Barat muka lolongkrang ka para pagawé BPN pikeun ngamekarkeun potensi seni sora anu dipibandana.

Diantarana ku ngagelar lomba nyanyi Tingkat Kanwil BPN Jawa Barat, anu diiluan ku para pagawé BPN sa-Jawa Barat.

Ti saban Kabupatén jeung Kota, ngirimkeun wawakilna pikeun tandang dina éta acara lomba nyanyi, dina raraga Bulan Bhakti Agraria 2013.

Acara lumangsung di Kantor BPN Kanwil Jawa Barat, Jl. Soekarno Hatta No. 586, Bandung.

Anu miluan lomba nyanyi ti taun ka taun teu weléh nambahan. Malah ku lantaran lobana jumlah patandang, babak penyisihan ogé lumangsung salila dua poé, nyatana tgl 7 jeung 13 September 2013. Sarta babak finalna 21 September 2013.

Jenis lagu anu dilombakeun nyaéta pop Indonesia jeung dangdut, kalayan dibagi jadi dua katégori, wanoja jeung lalaki. Demi juri anu meunteun ieu lomba diantarana Lia Refany (penyanyi pop Sunda), Indra Nugraha (vocalis Rialum Band), jeung Dhipa Galuh Purba.

Totalna aya 20 finalis anu tandang dina babak final pikeun marebutkeun pinunjul 1, 2, jeung 3. Dumasar kana panitén déwan juri kana sakur pintonan para patandang, ahirna diputuskeun Ririn Handayani, minangka pinunjul 1 Lomba Nyanyi Pop Indonesia katégori wanoja Tingkat Kanwil Jawa Barat.

Dewan juri nyieun catetan husus ngeunaan Ririn Handayani, anu kapeunteun minangka patandang pangnyongcolangna.

Ieu wawakil ti Kota Sukabumi téh peunteunna ngajaul nenggang dibandingkeun jeung patandang séjénna.

Ririn, karyawati BPN Kota Sukabumi, anu pancén sapopoéna jadi operator komputer aplikasi keuangan.

Nurutkeun déwan juri, Ririn mibanda sora emas kalayan potensial pikeun leuwih ngamekarkeun kamampuhna, katambah umurna ogé kaitung ngora kénéh.

Ririn lahir di Jakarta, 15 Agustus 1992.

Pikeun juara kaduana, dĂ©wan juri mutuskeun Anna Desy Pratiwi (wawakil ti BPN Kanwil Jawa Barat), sarta juara katiluna Mieke Herrizal (wawakil ti  BPN Kabupaten Garut)


Minangka pinunjul lomba nyanyi pop Indonesia katégori lalaki, déwan juri mutuskeun Dika (wawakil ti BPN Kabupatén Sukabumi) minangka juara 1.

Disusul ku Tommy Rahmadi (Wawakil BPN Kota Bandung) minangka juara 2, sarta Asep Hidayat (wawakil Kabupaten Karawang) minangka juara 3.

Dina lomba nyanyi katégori dangdut lalaki, déwan juri mutuskeun Nanang Suhyana (wawakil BPN Kabupaten Sumedang) minangka juara 1.

Demi juara 2 jeung 3 nyaéta Aten Rahmatulah (wawakil BPN Kabupatén Bandung) jeung Feri Resmana (wawakil BPN Kota Sukabumi).

Anu pamungkasna, pikeun lomba nyanyi dangdut katégori wanoja, déwan juri mutuskeun Yustina Trisnawati (wawakil BPN Kabupaten Cirebon) minangka juara 1.

Disusul ku Siti Nurhasanah (wawakil BPN Kota Bandung) minangka pinunjul 2, sarta Fitri Apriyanti (wawakil BPN Kanwil Jabar) minangka pinunjul 3.***





0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post