Saliwat Matak Tibelat - Abu Hj. Iloh Siti Armilah dina Panineungan




Catetan Dhipa Galuh Purba


SALAKU anu mikalandep kawih-kawih karya Mang Koko, tangtu baé kuring wanoh ka jenengan Abu Hj. Iloh Siti Armilah (l. Cililin, 16 April 1921).

Komo deui sabada Tatang Benyamin (salah sawios putra Mang Koko) ngadadarkeun yén rumpaka Abu pisan anu harita munggaran ngajurung Mang Koko pikeun nganggo rumpaka karya nu sanés.

Saméméhna Mang Koko sok ngadamel nyalira rumpaka kanggo kawih-kawihna. Kitu nurutkeun Tatang Benyamin, kalayan kuring leuwih yakin sanggeus ngalenyepan tulisan Nano. S anu judulna “Indung Pangaping Budaya Sunda” (Harian Koran Sunda/ 30/01/07).

Dina éta panineungan, Nano S nétélakeun yén rumpaka Abu sacara teu sadar ngusikeun parobahan kana gaya lagu Mang Koko nu kawitna seueur ngahudang téma lagu anu rancag dibarung ku gonjak bari heureuy sareng sindir, janten lagu anu daria jeung anca.

Tapi ari munggaran paguneman sareng Abu mah nembé ping 30 Méi 2003. Éta ogé ngawangkong di jomantara ngaliwatan telepon, henteu langsung papayun-payun.

Harita kuring keur mancén kénéh di Radio Kencana FM, ngasuh acara “Panglawungan Giri Mukti” (harita mah gelombangna 97,5 FM, ayeuna jadi 96,8  FM).

Biasana mah Abu mung ngabandungan éta acara. Tapi dina peuting harita mah ngahajakeun nelepon, wiréh aya anu kalintang dipikasono ku Abu, taya sanés Ajip Rosidi anu kakara sumping ti Jepang.

Mémang dina acara peuting harita mah minangka “Panglawungan Giri Mukti” (PGM) spesial, ngahadirkeun panyatur Ajip Rosidi, Rahmat Taufik Hidayat, Hawé Setiawan, Dadan Sutisna, jeung Embas Suhérman.

 “Haturan, wilujeng sumping, teu kawawa kakangen ti indung ka nu jadi anak. Wilujeng sumping, sing betah bumetah. Abu téh sono pisan, hoyong tepang, da henteu tebih ti Kencana téh mung tilu menit, bisi kabujeng ditutup...” kitu di antara kasauran Abu dina radio, anu tangtosna ogé ditujukeun ka Ajip Rosidi.

Malah nyariosna ogé dumareuda, disawang téh pasti bari budal cimata (rékamanana masih kénéh dirawatan).

Mungkas ngedalkeun rasa kasono, Abu nétélakeun yén mantenna sok ngabandungan acara PGM, kalayan nyebut “Dén Purba” ka kuring.

Tangtos baé asa teu kaawakan disebut “Adén” mah. Numawi harita kénéh ogé kuring ngawalon, “Aduh, Abu, teu kedah nyebat ‘Dén Purba’, cekap baé nyebat ‘Cép Dhipa’, da abdi mah henteu sabaraha kasép mung gagah wungkul...”

 Saréngséna siaran, Abu nelepon deui ka Radio Kencana (off air). Harita mah ngawangkong téh rada kapapanjangan. Langsung baé loma, da Abu henteu asa-asa nyebutkeun asa ka anak saurna.

Malah ngahiap sangkan nganjang ka bumina. “Bisi engké Abu tos teu aya mah, hidep bakal hanjakal...” kitu di antara kasauran Abu anu masih kénéh nganteng dina sawangan.

 Alhamdulillah, henteu sawatara lami, kuring diparengkeun patepung lawung paamprok jonghok sareng Abu di Radio Kencana, Jl. Moc. Toha 146, Bandung.

Henteu kinten bingahna diaku ku hiji “Indung Pangaping Budaya Sunda”—judul tulisan Nano. S. Dina waktu éta, Abu masihan pituah tur nyumangetan kuring sangkan terus miara, ngamumulé, tur ngamekarkeun budaya Sunda.

Abu ogé tetep ngahiap kuring sangkan nganjang ka bumina. Cenah mah moal apdol lamun kuring tacan nganjang ka bumina, sabab aya sababaraha perkara anu rék ditepikeun.

 Palebah dipiwarang nganjang, kuring rumasa henteu ngagugu. Sabenerna mah geus diniatan poé anu, tanggal sakitu, rék ngahajakeun nepangan Abu ka bumina.

Hanjakal sok aya baé halanganana. Komo deui, teu lami ti harita, kuring kalah apruk-aprukan ka Jakarta aya kana dua taunna, cul siaran.

Acara PGM dituluykeun ku Agus Suhérman, ka dituna mah henteu pati apal deui jujutanana. Kilang kitu, lain hartina kuring pareum sumanget dina miara budaya Sunda.

Najan mung saliwat, tapi sagala pituah Abu masih kénéh nyantél dina sagaraning dada. Najan kuring tambélar, tapi mugia baé angin ngaharéwoskeun talatah pamundut hampura—ari Abu mah da henteu kantos aya kalepatan nanaon.

Innalillahi wa Inna Illaihi Rozi’un, kawit ti Alloh, mulang deui ka Allah. 27 Januari 2007, masarakat Sunda kaleungitan deui hiji tokoh anu ageung jasana dina ngamekarkeun kabudayaan Sunda.

Ayeuna, bari ngupingkeun suanten Abu tina rékaman basa siaran, kuring nu tambélar téh seja jajap ku du’a.


Mugia Abu diperenahkeun di tempat anu mulya mungguhing Allah SWT, Aamiiin.***


Ranggon Panyileukan, 28 Januari 2007

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post