Saulas Ngeunaan Suku Baduy: Wawancara Ayah Mursid jeung Jaro Mantan




Wawancara Ayah Mursid

Naha leres carita ngeunaan Baduy anu sumebar dina wanda tulisan sarta dimuat di media citak jeung éléktronik?

Carita ngeunaan Baduy anu aya dina tulisan-tulisan téh aya kalana anu teu luyu jeung kanyataan di dieu. Contona mitos 40. Éta téh da mitos, da didieuna mah teu kitu. Margi, di Cibéo ayeuna aya 88 suhunan. Upami kulawarga mah aya 140 leuwih. Jumlahna pangeusina aya 600 jiwa. Di sakuliah Baduy, aya 62 kampung. Ari Baduy jero mah tetep tilu kampung, Cibéo, Cikertawana, jeung Cikeusik. Jadi, anu kedah tetep mah batasan. Sanés hubunganna jeung jiwa, sanés suhunan, jeung sanés jumlah kulawarga. Anu kedah netep mah kampung di Baduy Jero kudu tetep tilu. Kampung-kampung di Baduy luar bisa baé nambahan, tapi nginduk ka Baduy jero anu tilu.

Naha bet sumebar mitos 40?

Kemungkinan besar kajadianna waktu penjajahan Belanda. Harita aya urang Belanda nu nalĂ©k jumlah pangeusi Baduy. Nya dijawab wĂ© 40, ngarah Belanda teu bisa asup kadieu. 

Naha jumlah kampung di Baduy Jero bet kedah tilu?

Secara umum jumlah tilu Ă©ta aya kaitanna jeung nilai, simbol ngeunaan alam, manusia, jeung PangĂ©ran. Tri tunggal, hiji  tujuan.

Kumaha posisi puun Di Cibéo, Cikertawana, jeung Cikeusik?

Tugasna tos diatur. Tiap puun membidangi tugasna masing-masing. Di Cibéo patalina jeung pemerintahan sarta pertanian. Di Cikertawana penaséhat adat. Di Cikeusik kaagamaan.

Kumaha sawangan urang Baduy kana alam?

Miara alam mangrupa tugas utama masarakat Baduy. Tos aya amanat adat: moal kuat ieu alam lamun teu dikuatkeun ku manusa. Moal kuat manusa lamun alamna ruksak. Ku kituna kudu dikokolakeun ku kasaimbangan. Aya tanggungjawab babarengan, anu sabenerna mah kaasup  tanggungjawab bangsa.

Naha leres urang Baduy nyieun pananggalan dumasar kana alam?

MĂ©mang ngaran bulan dina sataun tĂ©h di lembaga adat mah aya  perbedaan jeung umum. Lamun umum mah sataun tĂ©h 12 bulan, tapi di Baduy mah aya istilah ninggal bulan jeung ngawagĂ©keun. Anu tadina dina kudu 12 bulan, bisa baĂ© jadi 13 bulan. Pertimbangan ninggal bulan ieu anu biasana dumasar kana faktor alam, anu dimusyawarahkeun ka lembaga adat. Aya aturan guru dĂ©sa, sidang adat.


Dina kaayaan alam siga kumaha mangsana kudu ninggal bulan?

Pakaitna jeung hasil tatanĂ©n. Lamun tatanĂ©n tacan ninggang kana wancina, mangka aya  istilah ninggal bulan.

Naon baé nami bulan di Baduy?
Sapar, kalima, kanem, kapitu, kadalapan, kasalapan, kasapuluh, hapit lemah, hapit kayu, kasa, karo, katiga


Wawancara Jaro Mantan

Taun sabaraha bapa janten Jaro?
Ti taun 1978 nepi ka 1983.

Bapa dipilih jadi jaro ku saha?
Jaro dipilih ku adat, nyaéta nu tilu tangtu. Tapi ari nu netepkeun mah tangkesan.

Naon nu dimaksad tangkesan téh?
Sagala masalah di Baduy, tangkesan nu boga wewenang. Tangkesan tĂ©h pilihan batin, aya jaro 7 jeung tangtu 3, hasilna batin 1 nu bisa dijadikeun tangkesan.  Jadi, posisina dibawah tangkesan tĂ©h aya jaro tujuh, ari di luhur aya puun jeung  barĂ©san 9 nu ngadampingi puun.

Naon anu dimaksad bulan larangan?
Saleresna mah ayeuna téh tos lebet bulan larangan. Maksudna bulan ieu kawalu, tapi gagal, jadi teu dianggo. Margi, tatanén teu acan tiasa dianggo.

Naon margina urang Baduy jero maké iket bodas?
Éta mah hasna. Sajabana ti Ă©ta mangrupa simbol  hirup di dunya, aya hideung jeung bodas.

Ari hukumna diiket kanggo urang Baduy kumaha?
Diiket wajib. Nurutkeun sejarah kolot, mun urang teu maké iket, tujuh léngkah ngaléngkah teu diangku umat.

Perkawis acuk kumaha?
Baju kudu tetep dua warna, hideung jeung bodas. Disebutna baju tangtu. Baju kudu dijieun tina kapas, teu kénging meunang ngolah mesin, dina harti kedah alami.

Naha leres urang Baduy teu kénging ical-galeuh paré?
Leres, béas jeung paré teu tiasa diical galeuh. Upami aya nu peryogi ogé paling ku cara nambut paré, sarta engké dibayarna ku paré deui. Teu meunang dirempak, sabab lamun dilanggar mamalana bisa baé mun tani tinggal daki, mun dagang kari hutang.


Wartosna paré anu aya di leuit bisa kuat taunan?
Leres, malah parĂ© di leuit tiasa tahan ratusan taun, seueur anu dugi ka tujuh turunan. Kuat teu buruk, kumargi teu nganggo obat. Ari parĂ© indung binih mah ngan tilu, siang, konĂ©ng, ketan.  Nu penting teu kĂ©nging nganggo pupuk.

Kanggo lahan tatanén, naha leres taneuh tilas kuburan tiasa dianggo?
Didieu mah mun tos anu dikurebkeun tos 40 dinten, najan ditimpa deui ku kuburan anyar moal teu nanaon. badé dipelakan deui gé teu nanaon, da kosong, moal aya nanaon. Bisi teu percanten, bongkar wé kuburanna saatos 40 dinten, pasti bakal kosong, moal aya nanaon.

Jadi kumaha cara memperlakukeun jalmi anu tos maot?
Diurus mah tetep diurus, ti mimiti maot, aya poĂ© katilu, aya katujuhna.  Kadituna ogĂ© tetep diurus, tapi teu didatangan ka kuburanna, da  langsung dipanggil rohna. Jadi, dirawat, ngan teu didatangan ka kuburan.

Kumaha sawangan urang Baduy kana kahirupan sanggeus maot?
Sarua baĂ©, sanggeus maot bakal aya surga jeung naraka. Ayeuna mah keur ngancik di surga nganti. EngkĂ© lamun geus cunduk kana waktuna, sarĂ©rĂ©a bakal balitungan jeung amal kalakuanna salila di dunya.  Mun taat kana adat bakal asup ka surga, mun jorĂ© tangtuna ogĂ© asup ka naraka.

**

DHIPA GALUH PURBA

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post