Carita Pondok Sunda: Carita Saheulaanan



Cartibag Dhipa Galuh Purba



‘ NĂ©leng nĂ©ng kung-nĂ©lĂ©ng nĂ©ng kung, geura gedĂ© geura jangkung, geura sakola di Bandung. ’

I

            Bandung paranti padungdung. Tandang ngalawan kamelang. Tanding nyanghareupan wiwirang. Ninggalkeun lembur kahĂ©man. Nahan Saheulanan rasa  sono ka bojo pupujaning ati. Ninggalkeun geugeutna anaking jimat awaking.

            Bandung. Di kota ieu kuring ngumbara. Kota anu katelahna kota kembang. Kuring tempur geusan ngalaksanakeun kawajiban hiji salaki. Tempur dina jaman kiwari. Tempur ngadu rĂ©siko hirup. Lain tempur ngalawan penjajah cara baheula. Ceuk Mama Ajengan mah kasab ngaranana. Tapi asana leuwih merenah disebut usaha. Padahal hartina Ă©ta-Ă©ta kĂ©nĂ©h. Anu puguh mah kuring tĂ©h kuli. Enya kuli. Aya nu nyebut tukang tĂ©mbok. Padahal mah kuring tĂ©h buruh bangunan. Sanajan buruh bangunan atawa kuli bangunan, hartina sarua-rua kĂ©nĂ©h.

Unggal poĂ© pagawĂ©an tĂ©h taya robahna. Numpuk-numpukeun bata, ngawur-ngawur keusik, ngacak-ngacak semĂ©n, narik mĂ©teran, ngagugulung benang, mentangkeun benang, nakolkeun palu, ngagutak-gitek sĂ©ndok semĂ©n, ngagĂ©sĂ©k-gĂ©sĂ©keun ragaji, ngĂ©cĂ©ngkeun panon, menerkeun pasangan, ngusap-ngasĂ©p tĂ©mbok jeung ngusapan …awak.

            Teuing geus anu kasabaraha puluh atawa boa nincak ratus wangunan anu kacampuran ku pagawĂ©an leungeun kuring. Sabab keur  kuring mah, wangunan anyar tĂ©h minangka kahirupan anyar pikeun kuring jeung saanak pamajikan. Dina unggal wangunan, kuring nukeurkeun kĂ©sang kana duit. Dina unggal wangunan ogĂ©, kuring nukeurkeun tanaga kana sahuap sangu.

            Lamun teu salah, ti mimiti taun 1980 tug nepi ka kiwari, hirup kuring ukur ngandelkeun buburuh dina bangunan. Ceuk lĂ©gĂ©gna mah sok disebut proyĂ©k. ProyĂ©k. Mangnyieunkeun wangunan batur. Imah, gedong, kantor jeung sabangsana.  Dialus-alus, diluis-luis. Saheulanan mah kuring pisan anu mimiti nyicinganana. Dahar, sarĂ©, mandi, pokona sagala rupa di dinya. Tapi lamun geus alus, kuring kudu ingkah. Malah asa pamohalan upama isuk jaganing gĂ©to bisa nincakeun deui suku ka tempat anu kungsi jadi pangidek liheran tĂ©h. Barina ogĂ©, rĂ©k nanahaon kuring unggah ka tempat-tempat alagrĂ©ng kitu. Kuriak  kaburu ditĂ©wak mantĂ©n ku satpamna. Imah agrĂ©ng, gedong anu ngajul langit, ukur jadi tempat cicing kuring saheulanan, samĂ©mĂ©h bisa diparakĂ© sakumaha mistina.

            Demi hirup, bulat-beulit. Nawur hutang, nyieun hutang. Nawur hutang, tuluy dijieun deui. Ditawur deui, Dijieun deui. Kitu jeung kitu, nepi ka hirup tĂ©h rarasaan mah ukur pagulung-gulung jeung hutang. PoĂ© SenĂ©n muka bon ka warung, Salasa ngagedĂ©an, Rebo nambahan, atuh poĂ© Kemis tĂ©h beuki ngipisan keur bawaeun balik, jumaah ngipisan pisan. PoĂ© Saptu nampa bayaran, ditungkulan ku tukang warung bari ngagigiwing buku catetan hutang. Sanggeus dibayar, tuluy balik ka lembur. PoĂ© Mingguna ogĂ© kudu ngitung bayareun hutang urut pamajikan. Taya robahna hirup tĂ©h.

            Komo sanggeusna si cikal manjing SMU, kabutuhan tĂ©h beuki ngagedĂ©an. Uang ituh, uang inih. Buku ituh, buku ieu kudu dibeuli. Nu panengah ogĂ© bayaran SPP-na kaluli-luli. Nu  bungsu ngurihit hayang sapatu, jaba pamajikan geringan. Teu anĂ©h upama warung di lembur geus eureun mĂ©rĂ© nganjuk. Masalahna mah teu pira, alatan  gajih minggu  kamari teu mahi dipakĂ© mayar hutang. Enya, teu pira sotĂ©h ceuk kuring. Da ceuk Bi ÉmĂ©hna mah kacida mangaruhanana kana permodalan dagang. Padahal Bi ÉmĂ©h tĂ©h kurang kumaha beunghar. Sawah jeung kebonna lega, barudakna ogĂ© geus digarawĂ© kabĂ©h. Ah, dasar tukang dagang.

            Awak kuring nambahan hideung ledeg. Beuki lestreng kapanasan. Kulit pĂ©ot. Ngolotan, rangkidut. Buuk beureum pias balas kapoĂ©. Kokoloteun dina beungeut ogĂ© ngarubakan. Puguh deui ari sasanggalan dina dampal leungeun mah, atawa rorombĂ©heun dina dampal suku. Dasar, buruh proyĂ©k.

            Kacida bĂ©dana jeung kaayaan mandor kuring. Anggeus saproyĂ©k tĂ©h bĂ©jana tuluy meuli motor. Anggeus proyĂ©k anyar,  meuli mobil. Nambahan proyĂ©k, nambahan pamajikan. Meunang proyĂ©k anyar, nyandung deui. Awakna beuki lintuh. Beuteung burayut. Padahal pagawĂ©anna ukur tutunjuk jeung popolotot. NyarĂ©kan jeung ngajejelĂ©h pagawĂ©an. Kitu salah, kieu teu bener. Dasar mandor.

            “Mang UnĂ©n, gancang atuh pindah ka dieu yeuh! Tuh, ruangan kamar encan diaci! Kumaha gawĂ© tĂ©h asa beuki kendor baĂ©? Sakitu bayaran ku sayah geus ditaĂ©keun. Sing balĂ©g atuh digawĂ© tĂ©h. Rugi sayah!” kitu ceuk Mandor Somad ka kuring. Tapi teu ieuh ditĂ©mbalan. HarorĂ©am rĂ©k ngomongna ogĂ©. Sajabana ti capĂ© tĂ©h, asa moal pibenereun deuih. Sabab Mandor Somad mah cadu pisan kana Ă©lĂ©h ngomong. Nurut baĂ©, ngarah eureun ngacacangna. Kuring digawĂ© husu pisan. Lain pĂ©dah ditalingakeun ku Mandor Somad. RĂ©k ditungguan atawa henteu ditungguan, kuring mah tara aya bĂ©dana. Lain sieun teu kapakĂ© ku Mandor Somad. Kuring mah sieun teu kapakĂ© ku Gusti Alloh. Sabab lamun kuring korupsi waktu, naon bĂ©dana jeung korupsi duit? Susuganan atuh dosa tĂ©h teu pati nambahan teuing.

            “Kang, istirahat, kang,” Si UbĂ©d, ladĂ©n kuring nyarita rada halon. RĂ©t katukang, Mandor Somad geus euweuh.

            “Heueuh,” cekĂ©ng tĂ©h bari bari gap kana sĂ©ndok tĂ©mbok jeung palu leutik. Tuluy  Diasupkeun kana kantong anu ngagantung dina Ă©stĂ©gĂ©r. Rada beurat ogĂ© kantong tĂ©h, sabab eusina sagala aya, ragaji leutik, palu, babandul, lot, mĂ©teran, paku-paku anu bĂ©da ukuranana, benang jeung kampak mintul, nepi ka bako jeung roko kĂ©rĂ©tĂ©k dua batang satengah. GedĂ© jasana ieu kantong tĂ©h. Kantong JĂ©n’s. Enya maksud tĂ©h dijieunna tina sabagian calana jen’s butut anu geus teu kapakĂ©. Ku pamajikan diteukteuk lebah sukuna, tuluy dikaput ngarupa kantong. BĂ©da pisan jeung kantong mahasiswa anu pinuh ku buku Ă©lmu pikeun diajar korupsi, pakĂ©eun jaga lamun geus diwisuda. Lain. Ieu mah kantong usrip alias usaha ripuh. AĂ©h, naha makĂ© jeung suudzon ka mahasiswa sagala rupa. Padahal teu sakabĂ©h mahasiswa sok karitu peta. Malah anu ngagedurkeun sumanget rĂ©pormasi ogĂ© apan para mahasiswa pisan. Hasilna…

            “Jang, boga korĂ©k api?” cekĂ©ng tĂ©h bari miceun pikiran anu beuki teu pararuguh. Pikiran anu lain pikiraneun kuring.

            “Aya, kang,” tĂ©mbal  Si UbĂ©d bari kokodok kana pĂ©sak calana anu pinuh ku aduk. Calana anu diseuseuhna matuh unggal poĂ© Saptu. DipoĂ©na ogĂ© asal baĂ© katingalina tĂ©h,  dina sĂ©ng bĂ©dĂ©ng paranti sarĂ©. Tapi naha kuring tĂ©h  kalah mikiran calana Si UbĂ©d sagala rupa.

            CekrĂ©s, pentul korĂ©k api tĂ©h dicekrĂ©skeun kana wadahna anu geus lecek. Serebung haseupna kaluar tina sĂ©la-sĂ©la biwir kuring. Dudukuy samak dilaanan, dipakĂ© ngageberan dada jeung beungeut anu luut-lĂ©Ă©t ku kĂ©sang. Minangka nuuskeun kĂ©sang, kuring nyarandĂ©keun awak kana tĂ©mbok hanca gawĂ© poĂ© kamari.

            “Kang, abdi ka jamban tipayun …” ceuk Si UbĂ©d bari kop nyokot kĂ©rĂ©sĂ©k hideung anu ngagantung gigireun kantong jĂ©n’s kuring. Eusina kuring ogĂ© apal pisan, ukur sikat gigi anu geus mĂ©h ledak jeung sabun colĂ©k.

            “Enya sok, akang mah da jibrĂ©g kĂ©nĂ©h kĂ©sang,” tĂ©mbal kuring. LĂ©os Si UbĂ©d indit, dituturkeun ku paneuteup kuring. LĂ©ngkah-lĂ©ngkahna semu anu lungsĂ© naker. Deudeuh teuing Si UbĂ©d. Umurna mah ngora kĂ©nĂ©h. Tapi naha bet dadaĂ©kanan jadi nuluykeun tapak kuring. Na teu apalaeun kitu upama Kuring ogĂ© ngarasa hanjakal jadi tukang tĂ©mbok tĂ©h. Hanjakal pisan. Gajihna teu pira, ari tanaga diperes. Leuheung lamun teu diĂ©mbohan ku polototna mandor mah.

            “Astagfirulloh,” kuring ngagerendeng.  Reuwas. Apan istirahat tĂ©h waktuna ukur sajam. Jaba awak tacan diberesihan, pakĂ©eun  salat. Mangkaning beuteung geus kukurubukan mĂ©nta dieusian.





***

 






 

II


            Teu pati lila solat tĂ©h. Kurang husu sigana mah. Atuda hatĂ© tĂ©h asa hĂ©sĂ© pisan diajak husu solat mah. Teu cara ngalamun anu teu pararuguh, aya kalana nepi ka digebahkeun ku batur. Teuing lamun pikiran tĂ©h inget baĂ© kana dahar. Buktina, sangu liwet dina panci hideung tĂ©h mani ledis. Rada rewog ogĂ© dahar tĂ©h. Padahal deungeunna mah ukur peda bolocot, diccocolkeun kana gerus cĂ©ngĂ©k.

            “Kang, kumaha cios ?” Si UbĂ©d jol-jol nanya, bareng pisan jeung teurab kuring.

            “Naon tĂ©a, Jang?” kuring rada ngahuleng, tapi leungeun mah teu poho ngarongkong kana gelas. Regot nginum.

            “Éta anu dicarioskeun kamari tĂ©a,” pokna deui. Sakedapan mah kuring nginget-nginget anu geus diobrolkeun poĂ© kamari. Ras, pikiran tĂ©h ngalayang ka lembur. Pamajikan jeung barudak siga anu ngagupayan dina kongkolak panon. Ngajadikeun kuring jadi inget kana obrolan jeung Si UbĂ©d. Lain poĂ© kamari atuda, mun teu salah mah poĂ© mangkukna kuring nyaritakeun perkara Ă©ta ka si UbĂ©d tĂ©h.

            “Oh, jigana mah tulus, Jang. PĂ©k baĂ© manĂ©h mah geura ngaladĂ©nan si Doya. Heug sing rapĂ©kan gawĂ©na. Ngarah teu lila teuing jadi tukang laladĂ©n. Lamun pareng aya waktu kosong, kop kana sĂ©ndok tĂ©mbok, diajar masang bata, mĂ©lĂ©stĂ©r jeung ngaci. Sabab lamun teu ngawani-wani diajar mah, tangtuna ogĂ© moal bisa-bisa,’ kuring mapatahan  Si UbĂ©d. ManĂ©hna ngabandungan daria naker bari unggut-unggutan. Asa beuki karunya baĂ© ka Si UbĂ©d tĂ©h.

“Jang, mun bisa mah mending ganti baĂ© pacabakan tĂ©h. Sabab euweuh tukang tĂ©mbok anu beunghar. Rata-rata warurat baĂ© hirupna, cara akang.  Apan loba kĂ©nĂ©h pacabakan mah anu leuwih pantes. RĂ©k dagang atawa rĂ©k digawĂ© dikantor. Lain bĂ©jana manĂ©h tĂ©h kaluaran SMA, aĂ©h SMU?” ceuk kuring bari neuteup kalayan anteb.

            “Leres Kang, namung badĂ© icalan tĂ©h ti mana atuh modalna. Ngadamel di kantor, sesah lebetna, teu gaduh konĂ©ksi. Sanaos cenah KKN dihapuskeun ogĂ©, buktosna mah geuningan sami baĂ© sareng kapungkur. Sesah pisan, Kang. Anu ditampi damel mah tetep baĂ© ukur sadulur-dulur,”

            “Enya, sing sabar baĂ©. Urang mah da jalma leutik. Teu bisa magar kumaha iwal ti sabar,” antukna kuring ogĂ© nyarita kawas kitu. Sanajan kuring ogĂ© teu pati yakin upama kuring geus jadi hiji jalma anu sabar. Nu puguh mah kuring teu bisa kukumaha nandangan hirup anu kacida ripuhna.

            “Kang, tadi Si AsĂ©p ngahadap ka Pa Imron,” si Kohar mĂ©ngkolkeun paguneman.

            “Aya naon cenah?” kuring rada panasaran.

            “RĂ©k protĂ©s cenah mah, Kang,” tĂ©mbalna.

            “ProtĂ©s nanahaeun, kawas anu dĂ©mo baĂ©. Naha teu sieuneun disebut kontraktor  kitu?”

            “Propokator panginten,”

            “Enya Ă©ta maksud tĂ©h. Naha teu sieuneun disebut Proktor?

            “Ah, da Si AsĂ©p mah wanian jeung pinter deuih. Apan manĂ©hna mah Sarjana Hukum,”

“Sarjana Hukum?”

“Muhun Sarjana Hukum. KadĂ©, sanĂ©s Sarjana dihukum, Kang. ManĂ©hna mah enya sotĂ©h digawĂ© bangunan, ukur sementara. Sateuacan kĂ©nging padamelan anu pantes baĂ©,”

            “KadĂ©, sementara-sementara jadi salawasna, “ kuring nĂ©mpas bari seuri leutik. Tapi aya kĂ©nĂ©h anu hayang ditanyakeun deui ka Si UbĂ©d tĂ©h.

            “RĂ©k protĂ©s gajih anu dipotong tĂ©a kitu?” kitu pananya kuring.

            “Sumuhun, Kang,” tĂ©mbalna giak naker.

            “Kumaha, ari Mandor Somad apaleun?”

            “Teu acan sigana mah, Kang,”

            “KadĂ© ulah pipilueun manĂ©hna mah, bisi dipecat. Jaba rada hĂ©sĂ© ayeuna mah nĂ©angan gawĂ© tĂ©h. Loba pemborong jeung kontraktor anu bangkrut,” NgadĂ©ngĂ© omongan kuring, Si UbĂ©d teu pati nĂ©mbalan. Atuh kuring ogĂ© buru-buru cengkat, rĂ©k tatan-tatan nuluykeun hanca pagawĂ©an. Tapi barang jung nangtung, hawar-hawar aya sora anu ceuceuleuwangan bari hohoak. Barang ditingali, horĂ©ng Mandor Somad anu ngagidig ka lebah babaturan gawĂ© anu keur ngariung deukeut gundukan keusik.

            “AsĂ©p, ka dieu siah, goblog pisan manĂ©h tĂ©h. Boga naon sia tĂ©h, hah?!” kitu ceuk Mandor Somad. Ngajadikeun kabĂ©hanana jadi caruringhak.

“ Cucungah pisan ka aing tĂ©h. ManĂ©h tĂ©h teu cara keur butuh gawĂ©na!” sora mandor Somad beuki awong-awongan. Kaciri ambekna tĂ©h. Amarahna mani siga anu geus teu kaampeuh deui. Éta wĂ©h, barang srog ka Si AsĂ©p, Mandor Somad langsung ngaheumbatkeun peureupna.

“Sabar heula, Pa,” Si AsĂ©p nyoba-nyoba ngajak dami, bari ngagiwarkeun teunggeulan Mandor Somad.

“AsĂ©p, poĂ© ieu sia bakal modar!” Mandor Somad kalah beuki napsu. Tuluy narajang makĂ© sukuna.  Untung pisan Si AsĂ©p rikat ngagiwar deui. Atuh tajongan Mandor Sobad tĂ©h ukur keuna kana pasangan bata. Borolo,  pasangan bata tĂ©h jadi rempag. Atuda kakara ogĂ© dipasang bieu.

            “Sabar heula, Pa,” Si AsĂ©p nyarita deui.

            “Alah, loba bacot pisan sia tĂ©h! Modar manĂ©h!” kituna tĂ©h bari ngalugas balati tina jero jakĂ©t kulitna. Atuh lain kuring baĂ© anu reuwas tĂ©h, malah Si Among mah geus rĂ©k ngarontok Mandor Somad. HadĂ©na dicarĂ©k ku Si AsĂ©p.

            Sret, pĂ©so balati diarahkeun kana lebah beuteung si AsĂ©p. Tapi ngan sakilat Si AsĂ©p miheulaan najong leungeun mandor. Cleng, balatina mecleng. Tuluy buru-buru dipulung ku Si Among. Teu pati lila, sĂ©ak  tĂ©h Si AsĂ©p nonjok iga burung Mandor Somad. Jebrod, nenggel pisan kana mamarasna. Bru, awak mandor Somad saharita rubuh. Nangkuban dina lebah adukan. Malah siga anu teu empĂ©s-empĂ©s deui. Atuh kuring ogĂ© geus kitu mah kakara wani ngadeukeutan.

Mandor Somad kapiuhan. Teuing alatan teunggeulan Si Asép anu matih, atawa mémang awak Mandor Somad anu héngkér.

 “Aya naon Ă©ta tĂ©h?” aya nu nanya tukangeun kuring. Barang dilieuk, gebeg tĂ©h, kuring kacida reuwasna. Atuda anu nangtung tukangeun kuring tĂ©h taya lian Pa Amran, pemborong di ieu proyĂ©k.

            “Euh, ieu, euh…” kuring kalah rampang-reumpeung, bingung, teuing kudu nyarita naon. Untungna Pa Amran siga anu surti. ManĂ©hna ngadeukeutan ka lebah Mandor Somad anu ngababatang, dituturkeun ku NĂ©ng Rini, sekertarisna anu teu welĂ©h makĂ© erok pondok. Tukangeunana ogĂ© aya Pa Caca, anu ceuk Si Kohar mah Pa Caca tĂ©h propokator, aĂ©h kontraktor. Sok pahili baĂ© nyebutna.

            “Aya kajantenan naon, Pa?” NĂ©ng Rini tumanya. Taksiran mah nanyana ka Pa Amran, sanajan ku Pa Amran teu dirĂ©rĂ©t-rĂ©rĂ©t acan. NĂ©ng Rini tuluy nutupan irungna ku buku leutik anu sapopoĂ©na tara lĂ©sot tina leungeunna. Teuing alatan kebul, atawa nyumputkeun kaĂ©rana pĂ©dah teu diwaro ku Pa Amran. Dasar sekertaris.

            “Cing atuh gotong ka bĂ©dĂ©ng, euy!” ceuk Pa Caca bari ngaluarkeun sisir tina jero pĂ©sak calanana. Dibandungan tĂ©h mĂ©mang Pa Caca mah tara lĂ©sot ti sisir. MĂ©h samenit sakali nyisiranna tĂ©h. Meus-meus nyisiran, meus-meus nyisiran. Padahal sulahna ogĂ© geus rada lega. Dasar Kontraktor.

            “Satpam ka mana?” Pa Caca nanya deui bari ngasupkeun sisir kana urutna.

            “Kamarana ari satpam?” Pa Caca rada tarik nanyana. Tapi teuing nanya ka saha.

            “Paling ogĂ© di warung Bi  Karsih, Pa. Biasa, ngaheureuyan si Popon, budak parawannna,” Si Among anu nĂ©mbalan tĂ©h. Biasa si Ă©ta mah ari nyarita tĂ©h sok bulutak-beletuk. Tapi kituna tĂ©h sok remen ditaranggap ku babaturan, sabab loba pikaseurieunana. Pantesna mah Si Among tĂ©h jadi tukang ngalawak, lain jadi tukang kayu. Dasar tukang kayu.

            “Sok atuh garotong ka BĂ©dĂ©ng!” antukna Pa Caca marĂ©ntah bari panonna mencrong ka Si Among.

            “Buru, bawa ka bĂ©dĂ©ng! Na kalah melong manĂ©h tĂ©h?” Pa caca nyaritana rada nyentak.

“Bawa ka kantor baĂ© kĂ©tang. Anu sĂ©jĂ©nna mah mending digarawĂ© deui baĂ©. Geus jam satu apan ayeuna tĂ©h. Kacuali Si AsĂ©p, wayahna milu heula ka Kantor,” kitu ceuk Pa Amran bari malikeun awakna. LĂ©os indit, dituturkeun ku NĂ©ng Rini.

“Ceuk sayah ogĂ©, gancang bawa ka kantor!” Pa Caca rada halon nyaritana. Atuh geus kitu awak Mandor Somad digarotong ku Si Among jeung Si Ukro.

            Babaturan gawĂ© anu ngagimbung tĂ©h buru-buru balubar deui. Tapi kituna tĂ©h bari jeung sarurak mani ayeuh-ayeuhan. Teuing, teu puguh dĂ©ngĂ©keuneunana.  Nu ngahĂ©ot, nu seuseurian. Teuing ngahĂ©otan saha, jeung teuing nyeungseurikeun saha. Malah aya anu silih siku sagala rupa minangka oconna tĂ©h. Kampungan pisan heureuyna. Da kuring mah rarasaan tĂ©h geus kotaan. Dasar kuli bangunan.

***

 

III



Jam opat burit, anu digarawĂ© geus areureun, ninggalkeun hancana sĂ©wang-sĂ©wangan. Komo kuring mah mani langsung beberesih mandi. Katara babaturan tĂ©h Beungeutna halĂ©gar marahmay. Teu anĂ©h, Kawantu poĂ© Saptu mah bagian  nampa amplok bayaran. Kaasup kuring. Unggal poĂ© Saptu mah sok ngarasa bungah pisan. Sajabana ti nampa bayaran tĂ©h, anu matak teu sabar mah hayang geura-geura balik ka lembur. Panggih jeung barudak, tur anu pentingna mah nyumponan kabutuhan batin pamajikan. Teu cara Si Among, anu bĂ©jana mah ngaduda geus aya kana lima taunna. Teuing kumaha  rarasaanana lamun hayang kitu. Atuda kalah pepegatan. Keur nahaon atuh makĂ© jeung kawin, ari rĂ©k pipisahan mah. Dasar duda.

            Jam lima sorĂ©. Amplok tacan dibagikeun baĂ©. Padahal sasarina mah ti jam opat mula ogĂ© geus dibagikeun ku Mandor Somad. Tapi kuring surti. Apan mandor Somadna ogĂ©  keur meunang bancang pakĂ©wuh. Boa ayeuna ogĂ© kapiuhan kĂ©nĂ©h. Ari babaturan kuring anu sĂ©jĂ©nna mah kalah patingceuleuweung cara di leuweung. Komo Si Ukro mah euweuh gawĂ©na pisan, wadah aduk  ditakolan. DikecrĂ©kan ku triplĂ©k anu ditabeuh ku Si Sarkowi. Si UbĂ©d ogĂ© jadi kabawakeun, milu ngagoongan makĂ© dreum butut. GandĂ©ng pisan puguh gĂ©. Teu pati nyeni. Padahal tiluanana tĂ©h bubujangan kĂ©nĂ©h. Mani kawas anu didagoan ku anak pamajikan baĂ©. Paling ogĂ© rĂ©k apĂ©l. Telat sakeudeung mah paling ogĂ© teu dibĂ©rĂ© nyium. Dasar bujangan.

            Teu pati lila, Satpam kaluar ti rohangan kantor. Tuluy ngajega bari nulak cangkĂ©ng. Kop kana piriwit. Priiiiiit! Piriwit tĂ©h disadakeun. Malah makĂ© jeung nitah baris sagala, cara dina pramuka baĂ©. Dasar Satpam.

            “Bayaran, euy!” si Among geus nyeuleukeuteuk deui baĂ©. DitĂ©ma ku nu sĂ©jĂ©nna mani rĂ©cĂ©t kawas manuk.

            “Sok-sok atuh, baris heula sing rapih!” kitu ceuk satpam tĂ©h. Basa Jawana mani medok pisan. Abong Jawa rĂ©ang. Sangkilang geus mangtauun-taun cicing di Bandung ogĂ©, angger baĂ© logat Jawana teu bisa leungit. Dasar, aĂ©h naha makĂ© jeung ngomongkeun suku sĂ©jĂ©n sagala. Padahal, Jawa, Sunda, Batak, Batawi,  jeung sajabana ogĂ©, mangrupakeun dulur-dulur kĂ©nĂ©h. Sabangsa, salemah cai. Ceuk aki kuring mah, bangsa IndonĂ©sia tĂ©h moal merdĂ©ka upama bangsa IndonĂ©sia teu ngahiji. Satu nusa, satu bangsa, satu bahasa ceuk lagu ogĂ©. Ari ayeuna geus merdĂ©ka?

            “MerdĂ©ka!” Si Among ngajorowok, ngajadikeun kuring ngagebeg. Reuwas kareureuhnakeun. Sugan tĂ©h Si Among bisa ngabadĂ© kana pikiran kuring, Ari pĂ©k ukur kabeneran baĂ©. Kawasna mah alatan ku satpam dikomandoan. 

            “Bayaran Minggu ayeuna mah rĂ©k langsung ku kantor. Wayahna bisi rada lila, sabab rĂ©k diabsĂ©n saurang-saurang!” kitu ceuk Pa Caca anu geus ngajanteng gigireun satpam. Teu pati lila, ti lawang kantor aya anu ngagotong mĂ©ja jeung korsi. Tuluy disimpen hareupeun Pa Caca. GĂ©k, Pa Caca diuk. Tina lawang panto kantor, NĂ©ng Rini gura-giru bari mamawa map anu kandel. NĂ©ng Rini ogĂ© diuk gigireun Pa Caca. BolĂ©klak, pingpingna katara  pisan mani beresih jeung mulus. Saliwatan karĂ©rĂ©t Si Among nepi ka neureuy ciduh. Rumasa, kuring ogĂ© upama ningali NĂ©ng Rini tĂ©h sok hayang geura balik ka lembur. Komo ayeuna mah NĂ©ng Rini tĂ©h katingalina asa bĂ©da ti sasari. NĂ©ng Rini kawas aya leuwihna upama melong kuring. Malah mani asa ngimpi, NĂ©ng Rini malĂ©dog  ku imut anu ngagelenyu ka kuring. Enya kitu, ka kuring? Boa ka Si UbĂ©d. Buktina Si UbĂ©d siga anu sura-seuri baĂ©, gumasĂ©p naker. Nu puguh mah siga anu gĂ©lo anyar, sura-seuri sorangan. Tapi boa enya kĂ©tang ka Si UbĂ©d. Sabab poĂ© mangkukna Si UbĂ©d kungsi cacarita ngeunaan Bah Dinta, dukun pĂ©lĂ©t anu kakoncara di lemburna. Enya kitu NĂ©ng Rini tĂ©h kapĂ©lĂ©t ku Si UbĂ©d? Mun enya tĂ©h, kuring ogĂ© asa panasaran hayang nepungan Bah Dinta.

            Hiji-hiji ngaran tĂ©h diabsĂ©n ku Satpam.  Tuluy ngahadep ka Pa Caca jeung NĂ©ng Rini. Gutrut nĂ©ken. Song amplok. Diitung eusina. LĂ©os indit. Dipegat ku tukang warung. Kitu jeung kitu baĂ©, nepi ka ahirna bagĂ©an kuring.

            “UnĂ©n!” sora kuring digeroan rada bedas. Atuh kuring mani tibuburanjat nyampeurkeun NĂ©ng Rini.

            “Bapa UnĂ©n?” NĂ©ng Rini tumanya bari neuteup kuring. AnĂ©h. MakĂ© jeung nanya sagala rupa. Padahal lain kakara poĂ© ieu wawuh tĂ©h. Tapi anu leuwih anĂ©hna mah, naha NĂ©ng Rini nyebut bapa sagala rupa. Sasarina ogĂ© lamun ngageroan tĂ©h cukup ku  nyebut Mang UnĂ©n.

            “Sumuhun,” kuring teu burung nĂ©mbalan. NĂ©ng Rini nyiapkeun keretas anu kudu ditĂ©ken ku kuring. Sajeroning kitu tĂ©h, panon kuring makĂ© jeung kaburu nyelang ngarĂ©rĂ©t ka beulah handap. BrĂ©h deui baĂ©, leuwih Ă©cĂ©s, kawantu leuwih deukeut.

            “Mangga tawis, Pa,” ceuk NĂ©ng Rini bari ngasongkeun keretas. Gutret baĂ© leungeun kuring nĂ©ken Ă©ta keretas anu samĂ©mĂ©hna ogĂ© tara ieuh dibaca heula.

“Dua kali nawisna, Pa,” NĂ©ng Rini nyarita deui.

            “Naha, NĂ©ng?” kuring ngahuleng.

            “Har, apan Bapa mah nampi amplokna ogĂ© sok dua, sanĂ©s?”

            “KĂ©,kĂ©,kĂ©… henteu, NĂ©ng,” kuring beuki teu ngarti.

            “Naha geuning bet teu ngartos Bapa tĂ©h. Apan Bapa mah tos genep sasih ogĂ© dipasihan dua amplok. Éta tĂ©h mangrupi penghargaan ti kantor kanggo Bapa,”

“Penghargaan?”

“Muhun. Penghargaan, kanggo  anu panglamina didamel kalayan gaduh tangggeng waler anu saĂ©. Atanapi ieu tĂ©h sebat baĂ© bonus.” NĂ©ng Rini ngajelaskeun kalayan panjang lĂ©bar. Bonus? Geus genep bulan? Sanajan hatĂ© galĂ©cok, kuring buru-buru ngagutrut nĂ©ken sakali deui, sarta amplok ogĂ© ditampa duanana.

“Bapa teu kĂ©nging uih heula. Saur Pa Amran, Bapa kedah ngahadep heula ayeuna!” caritaan NĂ©ng Rini geus ngabingungkeun deui baĂ©. Tacan ogĂ© bĂ©rĂ©s mikiran perkara amplok, geus datang deui parĂ©ntah anyar anu matak nimbulkeun kapanasaran.

“Ayeuna?” kuring nanya deui, bisi salah dĂ©ngĂ©.

“SanĂ©s, Ă©njing,” tĂ©mbal NĂ©ng Rini bari imut ngagelenyu.

“Oh, manawi tĂ©h ayeuna,” ceuk kuring bari rĂ©k ngalĂ©os.

“Éh, Pa UnĂ©n, Ayeuna kĂ©tang! Leres, ayeuna pisan!” NĂ©ng Rini nyarita rada meueusan. Ngajadikeun kuring kaĂ©raan. HorĂ©ng NĂ©ng Rini nyebut ‘Ă©njing’ tĂ©h ukur ngabanyolan. Tapi, kĂ©, naha NĂ©ng Rini makĂ© jeung ngajak ocon sagala rupa ka kuring? Meureun tatadi ogĂ© ngajak imut tĂ©h ka kuring, lain ka Si UbĂ©d.

Kuring asup ka rohangan kantor. Kasampak Pa Amran keur diuk bari nyanghareupan Asép jeung Mandor Somad.

            “Bapa nyauran sim abdi?” tanya tĂ©h rada asa-asa.

            “Enya. Sok bawa tuh korsi anu itu!” kitu pokna bari nunjuk kana korsi anu teu dipakĂ©, deukeut lawang jandĂ©la..

            “Tah kitu, Pa Somad. Nu enggeus mah enggeus baĂ©,” kadĂ©ngĂ© Pa Imron nyarita.

            “Nampi sadaya-daya, Pa,” tĂ©mbal Mandor Somad bari ngeluk tungkul.

            Sajongjongan mah taya anu lĂ©mĂ©k. Kuring ogĂ© sajeroning merenahkeun korsi tĂ©h mani ati-ati pisan. Sieun ngaganggu Pa Amram anu keur anteng ngagutretkeun pulpĂ©nna kana keretas. Teuing nulis nanahaon.

“AsĂ©p, ogĂ© Pa Somad. Sanggeus aya kajadian ieu, kahadĂ© ulah aya rasa dendam, komo jeung silih arah pati mah. Éra, Pa Somad geus kolot. AsĂ©p ogĂ© geus dĂ©wasa. PĂ©k ayeuna mah geura sasalaman!” kitu ceuk Pa Amran. Atuh AsĂ©p buru-buru miheulaan nyodorkeun leungeun ka Mandor Somad. Katara beungeut Mandor Somad bareureum, siga wirang naker.

Kuring tacan diajak nyarita nanaon ku Pa Amran. Padahal mah naon atuh  hubunganana jeung kuring. Naha makĂ© jeung digeroan sagala rupa. Mangkaning ieu tĂ©h poĂ© Saptu. Sigana Pa Amran mah moal apaleun. Sakitu ari poĂ© Saptu tĂ©h hararĂ©sĂ© kandaraan keur balik ka lembur. Jaba macĂ©t. Ongkos sok ngadadak naĂ©k. Da kitu, ongkos ka Panjalu mah sok nagadadak naĂ©k. Pajarkeun tĂ©h marĂ©ma ceunah. Teuing saha anu nyieun aturanana. Nu sidik mah panumpang ogĂ© narurut baĂ©, taya anu baha. Atuda batan kudu leumpang. Nepina ogĂ© teuing bulan mana. Dasar Supir.

Aya sora sapatu anu asup ka rohangan kantor, dituturkeun ku hawa anu seungit ngadalingding. Moal salah, Néng Rini tangtuna ogé. Apal sotéh, pédah baé kakara bieu kuring ngangseu seungit awakna.

Bener pisan. Néng Rini asup bari tuluy nyampeurkeun ka Pa Amran. Sok, nyimpen map kana luhur méja.

“Atos, Pa,” ceuk NĂ©ng Rini bari ngarĂ©rĂ©t ka kuring. BelenyĂ©h, manĂ©hna ngajak imut. Ari Pa Amran mah, tuluy mariksa map anu dibikeun ku NĂ©ng Rini.

“Naha amplok tĂ©h aya kĂ©nĂ©h sĂ©sana lima deui, Rin?” Pa Amran nanya bari kerung.

“Éta mah teu aya jalmina, Pa,” tĂ©mbal NĂ©ng Rini.

“Na ari Rini, Lain PihapĂ©keun baĂ© atuh ka babaturanana. Karunya, bisi keur gering,” kitu ceuk Pa Amran.

“Maksad tĂ©h, anu didamel mah teu aya anu namina Ă©ta, Pa. Tos ditaroskeun ka Pa Caca sareng ka padamel ogĂ©,” NĂ©ng Rini nĂ©mbalan kalem pisan.

“Oh,” ceuk Pa Imron bari neuteup seukeut ka Mandor Somad. Atuh anu diperong tĂ©h kaciri mani beuki ngeluk baĂ©. Beungeutna reup geuneuk, ray pias. Dasar Manusa doraka. Bangsat pisan Mandor Somad tĂ©h. Mangtaun-taun pagawĂ©anana ngadaharan gajih kuli. Ngahakanan kĂ©sang kuring. Kakara nyaho upama gajih kuring dicatut satengahna.  Ti    pemborongna sakitu, dibikeun ka kuring sakieu. Nu digawĂ© sakitu puluh, kali sakitu poĂ©, kali sakitu rĂ©bu, total saanu. Nyieun catetanna jeung daptar gajihna  mah geuningan dua rangkep. Hiji keur bikeuneun ka pemborong, hiji deui keur bikeuneun kanu digawĂ©. Ka pemborong digedĂ©an, ka nu digawĂ© dileutikan.  SĂ©sana disakuan. Padahal gajihna tĂ©h panggedĂ©na. Dasar Mandor…Manusa Doraka.

Pa Amran malik neuteup ka kuring, bari teu pati lila tuluy nyarita.

“Pa UnĂ©n, sanggeus dibadamikeun sarta dipertimbangkeun ku stap kantor,  Mimiti poĂ© senen isukan, Pa UnĂ©n diangkat jadi mandor anyar. Bapa percaya ka Pa UnĂ©n. KahadĂ© Pa UnĂ©n mah kudu jujur jeung bisa dipercaya. Perkara gajih, saheulaanan mah disaruakeun baĂ© jeung mandor Somad,” ngadĂ©ngĂ© caritaan Pa Amran, kuring mĂ©h baĂ© ngajengkang. Reuwas. Cangcaya. Bungah. Pagaliwota minuhan dada kuring. Asa kagunturan madu jeung karagragan menyan  ceuk paribasana mah. Naha bener ieu tĂ©h? Ah, boa ngimpi. Tapi geuning ngĂ©gĂ©l curuk ogĂ© bet nyeri. Hartina ieu tĂ©h lain ngimpi.

Ras inget kana paniatan anu geus dicaritakeun ka Si Ubéd. Naha kuring kudu ngabedokeun?

…Minggu kamari, mitoha mĂ©pĂ©lingan rada kapapanjangan. Tapi anu Ă©cĂ©sna mah nitah ganti pagawĂ©an. Kawasna mah awahing ku nyaaheun pisan ka kuring. Bubuhan pamajikan tĂ©h mangrupa budak awĂ©wĂ© hiji-hijina. Ceuk mitoha, kuring mah mending cicing di lembur baĂ©. Ngurus sawah, ngukut domba, ngingu hayam, Ă©ntog atawa meri. Percumah hirup di kota ogĂ©. Di lembur mah, najan pangalana leutik, tapi kulawarga bisa katungguan. Kaurus lahir batinna. Katempo sapopoĂ©na.

Omongan mitoha tĂ©h nembus pisan kana mamaras hatĂ© kuring. Nepi ka Kuring ogĂ© antukna mah lĂ©ah. Kuring geus jangji pikeun  nurut ka mitoha. Keur mah dina enyana deuih, karasa pisan capĂ©na digawĂ© bangunan tĂ©h. Katambah jeung kulawarga mindeng pajauh. Teu wawuh jeung batur salembur. Mending mun ladangna gedĂ© mah. Ari ieu?

“Anu penting mah, urang tiasa ngariung baĂ©,” kitu omongan pamajikan kuring anu salila ieu teu welĂ©h sabar babakti ka salaki. Kuring surti kana kahayangna. Hirup ayem tengtrem tur ngariung saanak pamajikan..…

Tapi ayeuna geus rĂ©k robah. Kuring diangkat jadi mandor. Moal enya ari  kalah rĂ©k ditinggalkeun kitu baĂ© mah. Nyaah. Gajihna gedĂ©, pagawĂ©an ukur tutunjuk. Bisa meuli motor, mobil, imah anu agrĂ©ng jeung…nyandung. Imut NĂ©ng Rini, seungit awakna, nyambuang dina satungkebing hatĂ©.

“Naha bet ngalamun, Pa?” NĂ©ng Rini nyiwit pigeulang leungeun kuring. Gebeg tĂ©h, reuwas kareureuhnakeun.


***

Ranggon Panyileukan, 1422 H




           

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post