Ku DHIPA GALUH
PURBA
KAWASNA mah
henteu kaleuleuwihi upama MAW Brouwer, Kolumnis Walanda, anu mapandékeun
gumelarna lemah cai Pasundan téh dina mangsa Gusti Nu Maha Agung nuju imut
ngagelenyu; “waktu Tuhan tersenyum/ lahirlah Pasundan”. Mungguhing hiji
wewengkon nu alamna éndah dibarung ku tiis tingtrimna suasana, matak nyegerkeun
satungkebing rarasaan; lénglang gumayang panyawang. Lemah sugih, cai cur-cor
ngagenyas hérang, matak betah ngahunang-ngahening.
Puji sukur ka Gusti Alloh SWT, anu parantos nyiptakeun lemah cai Pasundan,
geusan jadi bali geusan ngajadi para luluhur kuring tug nepi ka kuring (mun
diwidian ku Nu Maha Agung mah, kahoyong téh kalebet anak incu kuring).
Pasundan, Pasundaan, Padusunan, Paadu
suhunan. Luyu sareng
cariosan sepuh kapungkur; Bandung (bakal) heurin ku tangtung. Mémang kiwari
jadi kanyaan, Pasundan minangka hiji wewengkon nu jadi pilihan para mahluk
mulya ciptaan Gusti Alloh SWT. Pang kitu ogé, tangtosna Pasundan dianggap
pangloyogna tur pangmerenahna geusan ngalalampah nyorang hideung bodasna carita
kahirupan. Malah boa-boa, di sagédéngeun urang téh, seueur wargi urang nu
ngantay, hoyong nyeuseup wangi anginan-anginan nu sumeleber nyambuang di
patamanan Pasundan.
Ching, Si Kabayan téh mémang idola kuring. Teu éra
mikaresep Si Kabayan. Pédah éta mindeng kacaturkeun Si kabayan pangedulan;
hudang saré sangeunahna, kedul digawé, jeung réa-réa deui sipat nu dianggap
négatip. Padahal di
satukangeun éta, aya pesen moral nu kudu diteuleuman ku saréréa, nu ngaku
micinta Pasundan. Da puguh di Pasundan mah kacida leubeutna ku kabeungharan
alam, nya teu kedah ngémutan pikeun ngarobah alam Pasundan jadi alam
métropolitan. Mun kongang nyarita mah,
Si Kabayan téh pasti nyebat kieu: “Mending piara baé alam urang, mending
mumulé, batan diranjah tur diruksak mah…” Kabuktian, apan anu jadi marga
lantaran puseur dayeuh Pasundan sering kabanjiran, longsor, tug dugi kaurugan
runtah? Ieu téh éstuning alatan rupaning pangwangunan, anu henteu miroséa kana
alam.
Puseur dayeuh Pasundan téh kiwari mémang tos
henteu pati éndah deui. Gedong-gedong nu narangtung ngajulan langit, jalan aspal nu
ngaléléd padumukan dulur kuring, tug nepi ka hébosna kebul kenalpot kandaraan
nu mengpekan pangambung, ngajadikeun ngarasa rupek, rudet. Padahal, upama aya dulur ti mancanagara
nganjang ka dieu, pasti tujuanna mah hoyong reureuh dina katingtriman Pasundan.
Teu tiasa ayeuna mah, Parijs Van Java (Bandung) atawa Swiss Van Java
(Garut), kari waasna, kantun panineungan.
Kantenan perkara alam anu tos ruksak ku ayana
pangwangunan. Dikiruhan deui ku ngaran-ngaran wangunan anu ngarajul langit téa.
Mangga tengetan
ngaran-ngaranna, bet asa jarauh tina ciri has Pasundan. Aya Bandung Super Mal (BSM), Bandung
Electronic Center (BEC), Bandung
Trade Center
(BTC), International
Trade Center
(ITC). Duka kumaha nasib dulur-dulur nu daragang di Pasar Ciroyom, Pasar
Ujungberung, sareng sajabina. Para inohong Dayeuh Pasundan, bet kapireungpeunan ku
kumelipna banda ti lembur batur. Padahal nu perelu dipikareueus téh tangtuna
ogé nu mibanda ajén tradisional asli dayeuh Pasundan. Keur kuring sakuringeun
mah asa ariringgis rék asup ka center-center-an téh, najan mekel lampu
sénter.
Ching, taun kamari, kuring banget ngarasa bungah, basa anjeun
ngawilujengkeun milangkala kuring anu ka-27. Malah mani ti anggalna mula, tilu poé saméméh poé
pancegna. Iwal ti éta, implik-implikna anjeun ngucapkeun wilujeng milangkala
pikeun Puseur Dayeuh Pasundan anu ka-194. Nuhun, anjeun apal yén poénan
milangkala kuring téh mareng pisan sareng milangkala Puseur Dayeuh Pasundan,
ping 25 Séptémber.
Tadina mah kuring téh rada hémeng, pédah anjeun
ngawilujengkeun ti anggalna mula, ping 22 Séptémber 2004. Manawi téh anjeun
ujug-ujug katarik ati kapentang asmara ku kuring. Ari hég, anjeun mah ukur
sakalin nitah maca Kompas, anu medal poé harita. Barang diilikan, aya
warta ngajeblag kalayan dijudulan “Pariwisata Bandung Mengabaikan Seni
Budaya”.
Dina éta warta anu ditulis ku wartawan “Y09” téh,
aya sawatara tokoh nu nembrakeun rasa kuciwa tur manghanjakalkeun kana
pangwangunan Puseur Dayeuh Pasundan. Saperti anu dikedalkeun ku Enok Maryani,
ahli geografi pariwisata ti Sekolah Tinggi Ekonomi Pariwisata Yapari-Aktripa, warisan
budaya mangrupa wangunan heubeul nu ngandung arsitektur ahéng, kuduna mah
ditangtayungan, lain kalah dijieun toko
pakéan atawa factory outlet. Puguh baé
nu jadi pangirutna ogé, lain karya seni budayana, ukur kagiatan bisnis malulu.
Malah numutkeun Oding Kadarisman, Pupuhu Balai
Kemitraan dan Pelatihan Tenaga Pariwisata Dinas Kebudayaan dan Pariwisata
Provinsi Jawa Barat, kaayaan sarupa kitu téh henteu saukur di Puseur Dayeuh
Pasundan wungkul, tapi méh di saban wewengkon Pasundan. Kaasup rupaning seni
kaulinan barudak ogé, ayeuna mah ngiblatna téh tos ka urang deungeun, nu
dianggap leuwih populér.
Naon rupa anu diwartakeun
ku koran Kompas téh, mémang henteu salah. Pasundan méh ilang dangiang,
lantaran oriéntasi wisata nu dilalanyahan ku para inohong téh ukur kana bisnis,
atawa écésna mah duit jeung duit. Duka lepat diajar masalah duit, duka kumaha.
Pédah éta rupina mah, sok aya kasebutna;
ukur hayam nu teu beuki duit. Padahal sanés hartosna sagala rupa perkara tiasa
diukur ku duit, da duit mah moal dicandak maot ieuh. Kataji ku buku Rich
Dad, Poor Dad, karangan Robert T. Kiyosaki. Mémang teu pati nyambung sareng
Seni budaya mah, tapi sakurang-kurangna bisa nuduhkeun yén jalma beunghar mah
digawé téh lain néangan duit, tapi néangan luang jeung pangalaman.
Pamungkasna, ppama sakali mangsa anjeun sono
ka kuring, tanggah w[ mangsa tengah peuting. Sawang béntang nu baranang di
langit Pasundan. Margi jaman ayeuna mah kalintang ahéng. Ongkoh pangwangunan
sakitu tos mekarna, kandaraan balatak minuhan jalan aspal, jalan layang, tapi
ku kitu téh kalah ngalantarankeun urang atah anjang. Pamatuhan urang sami di puseur dayeuh Pasundan, tapi ari tepung
téh paling ogé sataun sakali.***
Ranggon Panyileukan, 1426
Hijriah
Komentar