Tembang Sunda Cianjuran LOKATMALA - Iom Kurniasih & Kania Pujasari





LOKATMALA

Gunung Gedé geusan nyarandekeun haté
Pangrango kuring ngadago.
Gunung Guruh da kuring mah heunteu jauh
Kaleuit Salawé jajar.

aduh lucu alun-alun luhur gunung
matak betah sarwa Ă©ndah.
Lokatmala marakbak baranang siang
aduh manis jeung cantigi.

Ku napsu mah aduh matak sungkan mulang
hayang ngahenang -ngahening
ngahiyang di batu dongdang
silanglang di jamban hérang.

moal mulang lamun teu acan kabandang
Mustika Mandalawangi.
RĂ©k lalahan tatapa luhureun kawah
malar haté heunteu siwar

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post